Bandung TV

Bandung TV nyaéta setasion televisi (TV) lokal swasta munggaran di dayeuh Bandung, Jawa Kulon. Minangka wadah kréativitas masarakat Sunda, Bandung TV, télévisi lokal munggaran di Bandung sarta Jawa Kulon nitikbeuratkeun program acarana dina usaha nyaangan masarakat dina sagala aspék kahirupan kalawan dadasar seni budaya. Titik beurat ieu dipilih alatan seni budaya mangrupa titik puseur kahirupan anu ngusikkeun diménsi sosial sarta ékonomi masarakat. Kalawan ayana usaha ngahirupkeun deui jatidiri wewengkon Jawa Kulon, nangtungna Nagara Républik Indonésia dina kabinékaan baris kabiruyungan.

BANDUNG TV


PT.Bandung Media Televisi Indonesia

Ngadeg3 Januari 2005
Slogan"JATI DIRI PASUNDAN
Kantor pusatBandung, Indonesia
Saluran sadulurAceh TV, Bali TV, Jogja TV, Semarang TV, Sriwijaya TVjeung Surabaya TV
Ramat lokahttp://www.bandungtv.tv

Setasiun ieu bisa diaksés ngaliwatan parigi (saluran) 38 UHF. Sloganna JATI DIRI PASUNDAN ditujukeun pikeun ngangkat deui ajén-inajén budaya sarta poténsi lokal anu aya di Jawa Kulon umumna sarta Bandung hususna minangka dayeuh puseur propinsi. Logo Bandung TV diwangun ku sawatara unsur nyaéta Kembang Cangkok Wijayakusumah, Kujang, sarta tulisan BANDUNG mangrupa manunggaling Tri Tangtu di Buana, nyaéta sang Rama, sang Resi, sarta sang Ratu, atawa mangrupa hakékat tina sipat manusa linuhung anu silih asih, silih asah, sarta silih asuh.

Program

Sawatara ti antara program-program Bandung TV anu ngarojong usaha ngangkat budaya lokal nyaéta:

  • Pamintonan hasil kréativitas para nonoman Pasundan jeung harepan éksisténsi maranéhanana dipikanyaho ku masarakat réa mangrupa program MIDANG ( program pintonan kasenian, Senén-kemis pkl.11.00 WIB ), WAYANG GOLEK ( Saptu-minggu,pkl.22.30 WIB ), GOLEMPANG ( Dialog Budaya Basa Sunda, saban Kemis pkl.21.00 WIB ), SEKAR AMIS ( tembang Sunda, saban Jumaah pkl. 21.00 WIB ), WARUNG TUMARITIS ( wayang golék minimalis kalawan dalang ki Opik Sunandar Sunarya, saban Senén,pkl.21.00 WIB ), KLIP PARAHYANGAN (program lagu-lagu Sunda saban poé pkl. 17.30 WIB ), BENTANG PARAHYANGAN (lagu pop sunda, saban Rebo pkl.16.30 WIB ), MANDALAWANGI (program husus wisata di Bandung sarta Jawa Kulon, saban poé Senén pkl.21.00 WIB), DALINGDING ASIH (program tembang Sunda, saban poé Saptu pkl. 19.00 WIB).
  • Program pikeun nonoman Bandung anu kréatif nyaéta: réaKSI (Remaja Aksi dan Kréasi, saban poé Minggu pkl.20.30 WIB ),SoundXplore (saban poé Rebo, pkl.21.00 WIB ), PILOKS (Pilihan Lagu OKS, saban poé Saptu,pkl.16.30 WIB ),Music Holic (saban poé Senén, Salasa sarta Rebo,pkl. 20.00 WIB), 101% West Clip (saban poé Minggu, pkl.22.30 WIB), KABAR BINTANG (Program Sabudeureun Artis Sinetron, Film, Panyanyi & Grup Band Lokal, Nasional atawa Internasional reujeung kagiatan-kagiatanana, saban Minggu pkl.16.00 WIB )
  • Program berita mangrupa laporan sabudeureun Dayeuh Bandung jeung Jawa Kulon nu dimaksudkeun pikeun ngadalikeun kawijakan pamaréntah wewengkon sarta méré informasi ka masarakat.
    • Seputar Bandung Raya jam 18.30 WIB saban poé
    • Tangara Pasundan, warta dina Basa Sunda jam 13.00 WIB saban poé
    • Program berita anu disiarkan sacara langsung babarengan jeung jaringan TV Bali TV-Jogja TV-Semarang TV; Lintas Mancanegara, Suluh Indonésia, Mozaik Khatulistiwa, Warisan Nusantara, Pesona Balanja.
    • Inpakta (Informasi Paling Aktual) jam 14.00, 16.00 & 21.00 WIB
    • Bandung Akhir Pekan saban minggu jam 08.00 WIB,Features
  • Program interaktif:
    • Topik Pers ngabahas masalah sosial, ékonomi sarta hal-ahal anu keur haneut digunemkeun. Program ieu disiarkeun sacara langsung antukna ngagampangkeun masarakat pikeun kalibet sacara interaktif méré pananya atawa kamandang ngaliwatan telepon 022-4205467.
    • Dialog-dialog pangobatan alternatif; Reiki Ling Chi, Tritunggal, Solusi Anjeun, Dokter Urang, Dialog Husus, jll.
    • Dialog langsung antara panongton kalawan narasumber kawas budayawan, sosiolog, seniman Sunda.
    • Dialog dina basa Sunda; Golempang
    • Informasi olahraga disiarkeun sacara langsung sarta interaktif:
  • Program séjénna
    • Lejel Home Shopping, program produk-produk Koréa jam 09.00 WIB sarta 13.30 WIB saban poé.
    • Ngopi Euy, program sisi séjén dayeuh Bandung.

Tumbu ka luar