Lompat ke isi

Superasam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Dumasar ka harti klasik, superasam nyaéta asam nu kaasamanna leuwih ageng ti asam sulfat murni 100%,[1] nu miboga nilai fungsi kaasaman Hammett (H0) −12. Dumasar ka harti modérn, superasam nyaéta medium nu miboga poténsial kimia proton nu leuwih ageng ti asam sulfat murni.[2] Superasam nu aya sacara komérsial di antawisna asam trifluorometanasulfonat (CF3SO3H), nu disebut ogé asam triflat, jeung asam fluorosulfat (HSO3F), kaduana sarébu kali leuwih kuat (ku sabab miboga nilai H0 leuwih négatif) ti asam sulfat. Seueur superasam kuat dibuat ku cara ngagabungkeun asam Lewis kuat jeung asam Brønsted kuat. Superasam kuat nu kaasup jenis ieu nyaéta asam fluoroantimonat. Kelompok superasam lian, kelompok asam karborana, ngandung sababaraha asam pangkuatna nu dipikaterang.

Tingali ogéédit sumber

  • Superbasa
  • Konstanta disosiasi

Rujukanédit sumber

🔥 Top keywords: TepasBiantaraSajak SundaKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganPurwakantiHusus:SungsiWartaPakeman basaKecap rajékan (basa Sunda)Kecap (basa Sunda)BiografiWawacanGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgNovelSaluran cernaPerang Dunya IISisindiranBacharuddin Jusuf HabibieAksara Sunda BakuKumpulan sajakWikipedia:NgeunaanGuguritanCarita pondokPupuhWikipedia:Bantahan umumYongki KomaladiJean SimmonsDéwi SartikaKecap barangOto Iskandar di NataKawihMantra SundaWikipedia:PitulungNyiruanEngangWawancaraWikipedia:SawalaKecap rundayan (basa Sunda)