Kecap (basa Sunda)

Kecap nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, kecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.[1]

Topik Kecap Basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Wangun Kecap

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warnana.[2]

Wangun Kecap

WangunWangenan
asalkecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
rundayankecap asal anu geus dirarangkénan
rajékankecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
kantétankantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua.[2]

Warna KecapWangenan
Kecap Lulugubarangkecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulurkecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananyakecap anu dipaké pikeun nanya
pagawéankecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
sipatkecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangankecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancénpangantebkecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
panganteurkecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah aspékkecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitaskecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.
pangantétkecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.
panyambungkecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyelukkecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

Kecap sulur

Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu.[2]

  • kecap gaganti jalma
  • kecap gaganti milik
  • kecap panuduh

Kecap gaganti jalma

'Kecap gaganti...kecap..dipaké dina kaayaan...conto kalimah
jalma kahijitunggalsim kuringlemes, resmiSim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé.
abdilemes, teu resmiAbdi wangsul ti Buah Batu, Bandung.
kuring / déwék / uranglomaKuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah.
kami / kaulaloma, ngaluhurkeun ajén soranganKaula rék nitah ka Patih Lirbaya.
aingkasarTeu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu.
lobasim kuring sadayanalemes, resmiSim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut.
abdi sadayanalemes, teu resmiAbdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé.
kuring saréréalomaKuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor.
jalma kaduatunggalbapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki)
lemes, ka anu dipikahormatBapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat.
anjeunlemes, ka sapantaranAnjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita.
manéh / silainglomaManéh mah dibéjaan téh tara ngagugu.
siakasarSia ku aing rék diteunggeul.
lobaaranjeunlemesAranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan.
maranéhlomaMaranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh.
hidep saréréalemes, ka sahandapeunHidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh.
jalma katilutunggalmantennalemes, ka nu dipikahormatMantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman.
anjeunnalemesAnjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana.
manéhna, inyanalomaManéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun.
lobaaranjeunnalemesAranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah.
maranéhnalomaMaranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak.


Kecap gaganti milik

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa.[2]

Kecap panuduh

Kecap panuduh wacanaKecap panuduh wacana éta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana. [2]

ieuieu baju
étaéta batu
ituitu gedong
kitusabada kitu
kieukurang kieu

Kecap panuduh luareun wacana

kecap...dipaké pikeun...conto kalimah
dieunuduhkeun nu deukeutRorompok mah caket kantun ka palih dieu waé.
dinyanuduhkeun nu rada deukeutTi warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan.
ditunuduhkeun nu jauhToko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah.

Kecap pananya

Kecap...dipaké pikeun nanyakeun ...conto kalimah
naonbarang, hal, sasatoan, tutuwuhanNaon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh?
sahajelema, malaékat, PangéranSaha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh?
ka manatempat, halka mana Suéb téh inditna?
irahawaktuIraha anjeun badé ka dieu?
nahasabab-musabab, kalakuanNaha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh?
kumahacara, kaayaanKumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi?
sabarahajumlah, bilanganSabaraha harga bawang beureum sakilo téh?


Kecap pagawéan

Ciri-ciri kecap pagawéan.[2]

  • umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
  • teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
  • teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
  • bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas

Kecap sipat

Ciri-ciri kecap sipat.[2]

  • bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
  • bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
  • bisa dirarangkénan ku pang-...-na
  • bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

Kecap panganteur

Tabel kecap panganteur pagawéan
bus asupnyah beuntanging/hing ceurik
segruk ceurikam daharjol datang
rap dibajudeker digawégék diuk
reg eureungeleber hibersedut/dut hitut
kuniang hudangbelenyéh/nyéh imutgedig indit
léos inditkécéwér/wér/cer kiihblug labuh
beretek/berebet lumpatjleng luncatgeleser maju
belewer malédogbrus manditérékél naék
gampleng nampilingblak nangkarakjung nangtung
sebrut narajanghabek neunggeullek neureuy
lar ngaliwatbluk ngangkubanbiur ngapung
golédag ngedenggewewek ngégélréngkénék ngigel
leguk/regot nginumburusut ngisingpok ngomong
celengkeung ngomongtrét nulisgaplok nyabok
gap nyagapsirintil nyampeurkeungantawang nyarékan
kerewek nyekelcong nyembahcrot nyiduh
celengok nyiumkop nyokotbluk nyuuh
reup peureumdug sarébarakatak seuri
ceuleukeuteuk seuricakakak seuricikikik seuri
lep teuleupeureuleu teurabclak tumpak
luk tungkuljrut turunnyot ngenyot
pelenyun ududcat unggahorolo utah


Tabel kecap panganteur kaayaan
beledug bitubeleték peupeusbeletok potong
béréwék soékbray beurangbray muka
bray caangbreg hujancep tiis
gejebur kana caijedak diadujeduk tidagor
jegug sora anjingjegur sora marieumjentréng kacapi
jep jempéjeprut pegatkecebuk sora cai
kecemplung kana sumurkepluk muragkérésék sora daun
ketruk sora sapatules leungitparalak hujan
pédénghél keuheulpeledek bau hitutpes pareum
pleng amblengplong ngemplongprung pegat
prung ngamimitianpudigdig ambekrekét sora panto
rob ngarogrogrup dirungkupanseguk sora kolécér
semprung pegatsruk-srék sora ragajitrong kohkol


Rujukan