Al-Mawardi

Abu al-Hasan Ali bin Muhammad bin Habib al-Mawardi (Arab: أبو الحسن علي بن محمد بن حبيب الماوردي), anu nelah disebat Imam Al-Mawardi (Bashrah, k. 364 H/974 M - Baghdad, 450 H/1058 M) nyaéta hiji ulama jenius sarwa tiasa (polimatik) kalahiran Bashrah (ayeuna di nagara Irak).[1]

Saprak mangsa anomna, Al-Mawardi geus guguru macem-macem élmu ageman ti para guruna di Bashrah sarta Baghdad.[1] Ti Bashrah, anjeunna diajar élmu fiqih Syafi'i ka Abul Qasim Abdul Wahid ash-Shimari, sarta élmu hadis ka Hasan bin Ali al-Jayli, Muhammad bin Ma'ali al-Azdi, jeung Muhammad bin 'Adi al-Munqari.[2][3][4] Saterusna dituluykeun ti Baghdad diajar élmu-élmu hukum, sastra, sarta basa Arab ka Abdullah al-Baqi jeung Abdul Hamid al-Isfarayni.[2][3][4]

Al-Mawardi mangrupa panganut mazhab Syafi'i.[3] Anjeunna diaku minangka ahli hukum, sarta berkali-kali nyekel kalungguhan minangka kadi (hakim) di mangsa pamaréntahan Bani Abbasiyah.[3] Sajaba ti éta, anjeunna ogé ngabogaan tugas minangka utusan dina perundingan antawis para khalifah Bani Abbasiyah sarta para sultan Bani Buwaihiyah.[3] Di widang élmu kauninga, Al-Mawardi saéstuna ngahasilkeun seueur karya serat, nanging anu tiasa kénéh kapanggih ngan kira-kira 12 kitab waé.[3] Karya-karya kasebat nyaéta:[3][5]

  • An-Nukat wa al-'Uyun fi Tafsir al-Qur'an al-Karim (tapsir)
  • Al-Hawi al-Kabir (énsiklopédi fiqih Syafi'i, 20 jilid)
  • Al-Iqna (ringkasan ti Al-Hawi)
  • Adab al-Qadhi
  • A'lam al-Nubuwwah
  • Adab ad-Dunya wa ad-Din
  • Al-Ahkam as-Sulthaniyyah wa al-Wilayah ad-Dinniyyah (pulitik pamaréntahan)
  • Nasihah al-Mulk
  • Tashil an-Nadzar wa Ta'jil adz-Dzafar
  • Qawanin al-Wazarah wa Siyasah al-Malik
  • Fi an-Nahwu
  • Al-Amtsal wa al-Hikam

Al-Mawardi tilar dunya dina ping 30 Rabi'ul Awwal 450 H, dina yuswa 86 taun.[4] Anjeunna dimakamkeun di pasaréan Bab Harb di Baghdad.[4]

Rujukan