Campaka (majalah)
Campaka, aslina mah ditulis maké ejahan heubeul Tjampaka, ngaran salah sahiji majalah basa Sunda anu medal di Bandung taun 1965.[1]
Profil Majalah
Dina awal penerbitanana, mimitina mah bulanan,ka behdieunakeun medal sabulan dua kali atawa tengah bulanan,diterbitkeun ku Yayasan Campaka.[1] Dina karedaksianana, ieu majalah téh ngalaman robah-robah redaksi, Girang rumpaka ngarangkep pananggung jawab redaksi nu pangpandeurina téh nyaéta S.A. Warsoma.[1] Ieu majalah basa Sunda anu sifatna umum téh utamana ngamuat carita pondok jeung carita nyambung, boh karangan asli beunang pangarang Sunda, boh tarjamahan tina basa deungeun. Lian ti éta ngamuat ogé sajak Sunda, artikel kaagamaan, artikel kasehatan, jeung lulucon.[1] Teu kacatet sabaraha eksemplar oplah unggal bulanna,umur majalah ngan lumangsung dua taun,dina taun 1967 ngeureunkeun penerbitanana.[2]
Rengrengan Redaksi
A. Taun 1965 (Awal)
- Panasehat: Abdur Rauf, SH
- Direksi: Mursan Sutjarma
- Pingpinan Redaksi/Pananggung jawab: Sukandi A Warsoma
- Staf Redaksi: Soebechi, G. Makboel, Min Resmana, A. Abidin, Rina Tjampaka, Surachman R.M
- Sekretaris Redaksi: Sunarja P.K.
- Tata Usaha: Rachmat Hady
- Juru Tekin: Didin D Basoeni, Teddy Sam
- Foto Press: Permai/Aras
B. Taun 1967 (Ahir)
- Dewan Redaksi : Sunarja P.K, Iskandarwassid BA, Odji Setiadji AR, jeung Annie Hamid.
- Tata Usaha: Dewi Parwati
- Poto Press: Eddy James.
- Alamat redaksi: Jl. Jambatanbaru 17 E Bandung
- Oplah: Teu kacatet sabaraha eksemplar oplah unggal bulanna.
Rubrikasi
- Ti Redaksi
- Carita Pondok
- Seni Budaya
- Ringkang-ringkang Katukang
- Guguyon
- Ki Ha’en
- Carpon Tarjamahan
- Carita Nyambung
- Warna-warni
- Campaka Mekar
- Sajak
- Agama
- Dangding
- Wanita Binekas
- Carita Gambar
- Mang Semprot (karikatur)
- Pedaran Kasehatan
- Kalimah Hikmah
- Anekdot.[3]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Rujukan
Tingali
- Majalah basa Sunda