Karéta api lokal Bandung Raya

Karéta Api Commuter Line Bandung Raya

Karéta Api Commuter Line Bandung Raya (kapungkur Karéta api Lokal Bandung Raya) nyaéta layanan karéta komuter nu dioperasikeun ku KAI Commuter Indonésia anu ngahubungkeun ruteu Cicaléngka-Purwakarta-Kiaracondong-Cicaléngka tur Padalarang-Cicalengka atawa sabalikna. Karéta ieu eureun di unggal stasion nu diliwatanana iwal Stasion Andir nu masih dina tahap pangwangunan.

KA Lokal Bandung Raya Cimahi.jpg
KA Commuter Line Bandung Raya nepi di Stasion Cimahi
Papan Ngaran Karéta Api Commuter Line Bandung Raya. Dihandapna tulisan ruteu karéta, Stasion Padalarang nepi ka Stasion Cicaléngka

Rangkéan

  • 3 Rangkéan ti Daop 1 Jakarta
  • 1 Rangkéan eks. KA Patas AC
  • 1 Rangkéan eks. KA Penataran Éksprés

Sakabéh rangkéan ngagunakeun AC.[1]

Spésifikasi karéta

  • Lokomotip CC201, CC203, atawa CC206
  • 7 karéta ékonomi (K3 BD)
  • 1 karéta makan pembangkit/karéta pembangkit (KMP3/KP3 BD)[1]

Stasion nu dilayanan

Karéta Commuter Line Bandung Raya ngalangkungan lima wilayah kabupatén tur kota di Jawa Kulon. Ruteu utami karéta ieu ngahubungkeun wilayah kulon ka wétan, mulana ti Padalarang di Kabupatén Bandung Kulon ka Cicaléngka di Kabupatén Bandung tur sabalikna. Sapanjang jalan, karéta api bakal eureun di puseur Kota Cimahi tur Kota Bandung. Aya ogé ruteu anu langkung panjang, ti Cicaléngka ka Purwakarta, sanaos frékuénsi jadwalna langkung sakedik salian ti ruteu Padalarang - Cicaléngka.

WilayahStasion/HalteuAntarmodaKaterangan
Kabupatén BandungCicaléngkaKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kabupatén Bandung

Stasion terminus kanggo sadayana karéta api Commuter Line Bandung Raya anu eureun di ieu stasion, salian KA 386, 388 tujuan Garut sareng KA 378 tujuan Cibatu.
HaurpugurKaréta api komuter: Commuter Line GarutKA 370, 360, 369 henteu eureun
RancaékékKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kabupatén Bandung

CimekarKaréta api komuter: Commuter Line GarutKA 370, 360, 369 henteu eureun
Kota BandungGedébagéKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kabupatén Bandung

KiaracondongKereta Api Indonesia Karéta api antarkota: Mutiara Selatan, Pasundan, Malabar, Lodaya, Kahuripan, Serayu, Kutojaya Selatan, Baturraden Ekspres sareng Cikuray

Karéta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kota Bandung

Stasion terminus kanggo sababaraha karéta api Commuter Line Bandung Raya
CikudapateuhKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Trans Metro Bandung:

Trans Bandung Raya:

Citakan:Bus icon Angkot Kota Bandung

KA 358, 348, 347 henteu eureun
BandungKereta Api Indonesia Karéta api antarkota: Argo Parahyangan, Argo Wilis, Turangga, Mutiara Selatan, Harina, Ciremai, Malabar, Lodaya, Pangandaran, Baturraden Ekspres, sareng Cikuray

Karéta api komuter: Commuter Line Garut

Trans Metro Pasundan:

Trans Metro Bandung:

Citakan:Bus icon Angkot Kota Bandung, Kota Cimahi, Kabupatén Bandung tur Kabupatén Bandung Kulon

Stasion terminus kanggo sababaraha karéta api Commuter Line Bandung Raya
CiroyomKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kota Bandung, Kota Cimahi, Kabupatén Bandung tur Kabupatén Bandung Kulon

KA 350, 358, 348, 357, 347 henteu eureun
CimindiKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kota Bandung, Kota Cimahi tur Kabupatén Bandung Barat

Kota CimahiCimahiKereta Api Indonesia Karéta api antarkota: Argo Parahyangan, Harina, Ciremai, Pangandaran, Serayu, sareng Cikuray

Karéta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kota Cimahi tur Kabupatén Bandung Kulon

Kabupatén Bandung KulonGadobangkongKaréta api komuter: Commuter Line Garut

Trans Metro Pasundan:

Citakan:Bus icon Angkot Kota Cimahi tur Kabupatén Bandung Kulon

KA 350, 358, 348, 357, 347 henteu eureun
PadalarangKereta Api Indonesia Karéta api antarkota: Cikuray

Kereta Api Indonesia Karéta api antarkota: Serayu Karéta api komuter: Commuter Line Garut

Citakan:Bus icon Angkot Kota Cimahi tur Kabupatén Bandung Kulon

Stasion terminus kanggo sadayana karéta api Commuter Line Bandung Raya, salian KA 387, 385 tujuan Purwakarta
CilaméKaréta api komuter: Commuter Line Garut
Sasaksaat
Maswati
Réndéh
Cikadongdong
Kabupatén PurwakartaPlérédKaréta api komuter: Commuter Line Garut
Sukatani
Ciganéa
PurwakartaStasion terminus kanggo KA 387 sareng 385

Tarif

Ngawitan 7 Juli 2017, PT Kereta Api Indonesia Daerah Operasi II Bandung ngalarapkeun tarif flat Rp 5.000,00 kanggo Karéta api Commuter Line Bandung Raya.[2]

Ngawitan 1 Juni 2023, karcis Karéta api Commuter Line Bandung Raya kedah dipésér nganggo aplikasi KAI Access minimal 2 Jam dugi ka 7 dinten sateuacan mios naék karéta, teu tiasa dina lokét di tiap stasion; sajabi kanggo wargi anu sepuh sareng wargi disabilitas tiasa mésér karcis di lokét stasion. Di sababaraha stasion ogé masih tiasa mésér karcis di lokét stasion.

Rujukan

Tumbu kaluar

(id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine