Karéta api Turangga

Turangga
KA Turangga ngaliwat Stasion Manggarai nuju ka Stasion Surabaya Gubeng liwat Bandung
Informasi
SistemKaréta api antar kota
Kelaséksekutip satwa
StatusBeroperasi
LokalDaop 8 Surabaya
Stasion terminusStasion Surabaya Gubeng
Stasion Bandung
Jumlah stasion13-15
RuteuSurabaya Gubeng-Bandung
Operasi
Dipiboga kuPT KAI
OperatorDaérah Operasi VIII Surabaya
Karakterlintas pagunungan
LokomotipCC203, CC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Gancangna operasional70-90 km/jam
Titik pangluhurna+848 m (Nagrég)

Karéta api Turangga (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮒᮥᮛᮀᮌ) nyaéta karéta api kelas éksekutip satwa anu ngahubungkeun Stasion Surabaya Gubeng jeung Stasion Bandung.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 8 Surabaya.[1] Asalna, KA Turangga mawa rangkéan éksekutip-bisnis, tapi ti taun 1999 rangkéan KA Turangga jadi éksekutip kabéh, karéta bisnis di rute ieu dipindahkeun ka Karéta api Mutiara Selatan.[1] KA ieu kungsi diperpanjang ruteuna nepi ka Stasion Gambir dina GAPEKA 2019, saacan dibalikkeun deui ruteuna nepi ka Bandung.

Stasion nu dilayanan

Spesifikasi karéta

  • Lokomotip CC203 atawa CC206
  • 5-6 karéta éksekutip satwa (K1)
  • 1 karéta makan pembangkit (KMP1)
  • 1 karéta aling-aling (B) [1]

Jadwal

Karéta api Turangga diberangkatkeun ti station Surabaya Gubeng soré jam 16.30 WIB jeung diberangkatkeun ti stasion Bandung peuting jam 19.30.[2] Waktu nu dibutuhkeun 11 jam.[2]

Tingali ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

(id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine