Stasion Songgom

Stasion Songgom (SGG) nyaéta stasion karéta api kelas III/leutik anu perenahna di Songgom Lor, Songgom, Brebes. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +23 m ieu kaasup ka Daérah Operasi III Cirebon. Stasion ieu miboga opat jalur kalawan jalur 2 jeung 3 minangka jalur lurus. Stasion ieu mangrupa stasion pangkidulna di Daérah Operasi III Cirebon.

Stasion Songgom

  • Singgetan: SGG
  • Nomor: 1114
Stasion Songgom, 2010
LokasiSonggom Lor, Songgom, Brebes, Jawa Tengah,
Indonésia
Luhur+23 m
OperatorDaérah Operasi III Cirebon
Letak ti pangkalkm 282+077 lintas JakartaJatinegaraCikampékCirebon PrujakanPrupukPurwokertoKroya[1]
Jumlah péronHiji péron sisi sarta tilu péron pulo nu sarua-rua rada jangkung
Jumlah jalur4 (jalur 2 jeung 3: sepur lurus)
Informasi lain
KlasifikasiIII/leutik[2]
Layanan
Ngan pikeun pasusulan antarkaréta api.
Lokasi dina peta

Sabada diwangunna jalur ganda di lintas Cirebon–Prupuk,[3] tata letak stasiun ieu dirobah, anu matak kiwari stasion ieu miboga opat jalur karéta api kalawan jalur 2 jeung 3 minangka sepur lurus. Euweuh karéta api anu eureun di stasion ieu, iwal ti mun aya pasusulan antar karéta api.

Tingali ogé

Karéta api

Rujukan

Tumbu kaluar

(id) Situs Resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2019-06-20 di Wayback Machine

Jalur karéta api Cirebon-Prupuk
Stasion saméméhna:
Stasion Larangan (Brebes)
Stasion saenggeusna:
Stasion Prupuk

108°59′20″E / 7.0244814°S 108.9887738°E / -7.0244814; 108.9887738