Warna sékundér
Warna sékundér nyaéta warna anu dihasilkeun tina campuran dua warna primér dina hiji rohang warna. Contona kawas di handapeun ieu.
Warna cahaya (RGB)
beureum | (●) | + | héjo | (●) | = | Konéng | (●) | ||
beureum | (●) | + | biru | (●) | = | magénta | (●) | ||
héjo | (●) | + | biru | (●) | = | cyan | (●) | ||
Rumusan Warna Tradisional dina Seni Lukis (RYB)
biru | (●) | + | Konéng | (●) | = | héjo | (●) | ||
biru | (●) | + | beureum | (●) | = | wungu | (●) | ||
Konéng | (●) | + | beureum | (●) | = | jingga/oranyeu | (●) | ||
Dina prinsipna, téori pikeun pigmén sakuduna bisa dilarapkeun pikeun warna cét ogé. Tapi cét anu mimiti dipaké, panyampuranana dipigawé laér saméméh ayana élmu pangaweruh warna modéren, sarta alatan pigmén anu sadia dina mangsa éta ogé kawates. Hususna warna pigmén cyan sarta magénta alami hésé dipibanda, ku alatan éta dipaké warna biru sarta beureum. Ku kituna nepi ka ayeuna ilaharna diajarkeun yén beureum, konéng jeung biru nyaéta warna primér sedengkeun jingga/oranyeu, héjo sarta wungu mangrupa warna sékundér.
Tempo ogé
- Pigmén
- Téori warna
- Daptar warna
- Warna primér
- Warna térsiér
🔥 Top keywords: TepasBiantaraSajak SundaKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganPurwakantiHusus:SungsiWartaPakeman basaKecap rajékan (basa Sunda)Kecap (basa Sunda)BiografiWawacanGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgNovelSaluran cernaPerang Dunya IISisindiranBacharuddin Jusuf HabibieAksara Sunda BakuKumpulan sajakWikipedia:NgeunaanGuguritanCarita pondokPupuhWikipedia:Bantahan umumYongki KomaladiJean SimmonsDéwi SartikaKecap barangOto Iskandar di NataKawihMantra SundaWikipedia:PitulungNyiruanEngangWawancaraWikipedia:SawalaKecap rundayan (basa Sunda)