Hihileudeun

Hihileudeun (paronychia) nyaéta panyakit kuku nu mangrupa inféksi baktéri atawa hapur nu sok narajang kana kuku leungeun atawa kuku suku, nu mana kuku jeung kulit patepung di gigir atawa puhu ramo. Inféksi bisa datang ujug-ujug (hihileudeun parna) atawa hihileudeun kronis.[1][2] Istilah hihileudeun téh meureun asalna mah dipaké pikeun nyebutkeun kaayaan kuku atawa kulit ramo nu hideung kawas hileud atawa méh sarupa jeung hileud.

Hihileudeun
Klasifikasi jeung sumber luar
Dérmatologi, ubar geuwat
ICD-10L03.0
ICD-9681.02, 681.11
DBPanyakit9663
MedlinePlus001444
eMedicinederm/798 
MeSHD010304

Rujukan