Al 'Asri
Al 'Asri العصر | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Waktu |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 103 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 3 ayat |
Surat Al Asri nyaéta surat ka-103 dina Al Qur'an. Surat ieu digolongkeun surat makkiyah sarta diwangun ku 3 ayat. Kecap Al Asri atawa Al 'Ashr hartina téh waktu/mangsa sarta dicokot tina ayat kahiji ieu surat. Eusi surat ngagambarkeun yén saéstuna kabéh manusa aya dina kaayaan rugi kajaba jalma-jalma anu sok ngalakonan amal soléh, silih naséhatan dina bebeneran sarta kasabaran.
Eusi jeung Tarjamah
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَٱلۡعَصۡرِ | Demi waktu. |
2. | إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لَفِى خُسۡرٍ | Saéstuna manusa téh enya-enya aya dina karugian. |
3. | إِلَّا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلۡحَقِّ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلصَّبۡرِ | Kajaba jalma-jalma anu ariman jeung ngalampahkeun amal soléh jeung anu silih wasiatan kana hak (bebeneran) jeung anu silihwasiatan kana kasabaran. |
Hubungan surat Al Asri jeung surat Al Humazah
Dina surat Al Asri Alloh ngajelaskeun sifat-sifat jalma anu henteu dina kaayaan rugi, sedengkeun dina surat Al Humazah Alloh nerangkeun sababaraha sifat jalma anu rugi.
Tumbu kaluar
Rujukan
- Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
- Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
🔥 Top keywords: TepasGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgWikipedia:NgeunaanKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganKecap rajékan (basa Sunda)Wikipedia:PitulungPerang Dunya IIGambar:Cepot Wayang.jpgGambar:Congklak.jpgPortal:EusiWikipédia:Taros kamiWartaBiantaraWikipedia:Bantahan umumPortal:Keur lumangsungSajak SundaWikipedia:PangwanohWikipédiaGuguritanPakeman basaNovelFotoSahadat buhunCareuh bulanKecap (basa Sunda)Siti Hardijanti RukmanaHusus:SungsiWikipedia:PangunjalanPupuhPadalisanWikipedia:SawalaWikipedia:BéwaraPurwakantiKawihHusus:AnyarRobahBandung TVJangjawokanKecap sulur