Asmarandana

Asmarandana mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa sikep kahirupan di Buana atawa Bumi alam. Pupuh téh jumlahna 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru laguna nyaéta 81, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a

Conto tembang

Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Éling-éling masing éling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tékad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Sumber rujukan

Tumbu kaluar