Dwayne Johnson

Dwayne Douglas Johnson leuwih dipikawanoh Dwayne Johnson (gumelar di Kalifornia, Amérika Sarikat, 2 Méi 1972; umur 52 taun) nyaéta saurang aktor Amérika anu ngabéntangan sawatara pilem kasohor kayaning Furious 7, G.I. Joe: Retaliation, jeung réa deui.[1] Dwayne mimiti ténar tina acara gulat World Wresting Entertainment Superstar.[1] Dwayne dipikawanoh minangka The Rock dina aréna gulat.[2][3] The Rock ngamimitian gulatna dina taun 1996 tuluy eureun taun 2001.[2] taun 2011 Dwayne bijil deui dina program WWE Monday Night RAW jeung WrestleMania XXVII.[2] Dwayne anak ti papasangan Rocky Johnson jeung Ata Johnson.[1] Bapana, Rocky Johnson mangrupa saurang pagulat profésional anu tuluy éta bakat gulatna turun ka manéhna.[1] Tanggal 3 Méi 1997 Dwayne nikah jeung Dany Garcia anu satuluyna dipaparin anak nu dingaranan Simone Alexandra Johnson anu babar dina tanggal 14 Agustus 2001.[1]

Dwayne Johnson
Dwayne Johnson 2014
Babar2 Méi 1972 (1972-05-02) (yuswa 52)
Hayward, California, USA
PakasabanArtis, Pegulat
Taun aktif1990 - ayeuna
Jangkung196 cm
PasanganDany Garcia (19972007)

Filmografi

Taun[4]Judul[4]Peran[4]
2015San AndréasRay
2015Furious 7Luke Hobbs
2014Hercules (2014)Hercules
2013Fast & Furious 6Hobbs
2013Pain & GainPaul Doyle
2013G.I. Joe: RetaliationRoadblock
2013SnitchJohn Matthews
2013Empire StateJames Ransone
2012Journey 2: The Mysterious IslandHank
2011Fast FiveHobbs
2010FasterDriver
2010The Other GuysDet. Christopher Danson
2010Tooth FairyDerek Thompson
2009Planet 51Chuck Baker
2009Race to Witch MountainJack Bruno
2008Get SmartAgent 23
2007Southland TalesBoxer Santaros

Rujukan