Fungisida

Fungisida mangrupa jinis péstisida nu husus maéhan atawa ngahambat fungi (cendawan) nu nyababkeun panyakit.[1] Fungisida bisa cair (panglobana dipaké), gas, butiran jeung bubuk.[1] Pausahaan panghasil siki biasana maké fungisida dina siki, beuti, akar Cangkok, propagatif jeung organ séjén, pikeun maéhan jamur dina bahan nu bakal dipelak na nangtayungan pepelakan ngora tina cendawan patogén.[1] Sajaba ti éta, ngagunakeun fungisida bisa dipaké ku suntik dina sirung, nu cair semprot langsung, jeung dina bentuk fumigan (gas nu disemprotkeun).[1]

Golongan Fungisida

Fungisida bisa digolongkeun kana dua kategori, nyaéta fungicides selektif (fungicides walirang, tambaga, quinone, hétérosiklik ) jeung non-selektif (fungisida hidrokarbon aromatik, anti-omycota, oxathiin, organophosphates, fungisida nu nyegah sintésis stérol, jeung fungicides sistemik lianna).[2] Fungicides selektif maéhan sabagin jinis fungi tapi teu ngaruksak fungi lianna.[2]

Fungisida ogé bisa digolongkeun fungisida kontak, translaminar jeung sistemik.[rujukan?] Fungisida Kontak ngan kur mangaruh kana bagian nu disemprot. [rujukan?] Fungisida transmilanir ngalir tina bagian nu disemprot (daun jeung bagian luhur tutuwuhan) kana bagian nu teu disemprot (ka handap). [rujukan?] Fungisida sistemik anu diserep ku tutuwuhan jeung didistribusikeun ngaliwatan sistim pembuluh tutuwuhan.[3]

Mangfaat Pamakéan

Fungisida nyaéta sanyawa kimiawi beracun pikeun ngabasmi jeung nyegah perkembangan fungi.[4] Pamakéan fungisida ieu kaasup pengendalian sacara kimiawi. [rujukan?]Mangpaat diala tina pamakéan fungicides nyaéta:[4]

  1. Babari diaplikasikeun[4]
  2. Merlukeun tanaga gawé nu saeutik[4]
  3. Makena praktis[4]
  4. Jenis sarta ragamna variatif[4]
  5. Hasil pangendaliana tuntas[4]

Rujukan