Guguritan laut kidul

Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Guguritan ieu mangrupapangapungan “imajiner”Mundinglaya Dikusumah di luhurTatar Pasundan) Dangdanggula

Laut Kidul kabéh katingali,ngembat paul kawas dinagambar, ari rét ka tebéh kalér,Batawi ngarunggunuk, lautnamah teu katingali, ukur lebah-lebahna, semu-semu biru, ari rét ka kalér wétan.GunungGedé jiga nu ngajakan balik,méh baé kapiuhan.

Matak waas pacampur jeungsedih,gunung-gunung kabéhnarémbongan, GunungPangrango ngajogo, bangun nudiharudum, ngadagoan nu tacansumping, nyeri duméh ditilar, mani alum nguyung, nguyungwuyung karungrum, nya dijieunPangrango ciciran nagri, NagaraPajajaran.

Pajajaran tilas Siliwangi,wawangian nu kari ayeuna,ayeuna mah dayeuh Bogor,Batutulisna kantun, kantunliwung jaradi pikir, mikir nudisadana, henteu surud liwung, teuteuleuman kokojayan, diCiliwung nunjang ngidul Siliwangi,nuus di Pamoyanan.

Pamoyanan jadi tepis wiring,dayeuh maneuh nagara baheula,cirina nya Gunung Gedé, kiwarinya Cianjur, kalér wétan sajajardeui, jiga Gunung Mandala,Mandalana hayu, hayu sotéh hayu mulang, langlang-linglingdina luhur méga miring,nyangsang ‘na méga malang.

Reg ngarandeg lebah GunungPutri, Demahduwur dayeuhPancatengah, dirérétngabréngréng konéng, Gunungcupu ngariung, kawas anueukeur badami, rangrang Sagalahérang, parongpong kaBandung, Burangrang nungarangrangan, parahunanangkub dugi ka kiwari, teu jadilalayaran.

Ngan dijieun tunggul ciri nagri,dayeuh Bandung sirahnaPriangan, urut nu rékpaparahon, ngabendungCikapundung, pundung sotéhbongan teu jadi, teu jadi lalayaran, henteu tulus ngalun,Sangkuriang kabeurangan,sanggup mendet Citarum tutassapeuting, cidra tina subaya.

Kiwarina permana ngabukti,patilasan tapak nu baheula, jadibasa jadi omong, Bandungheurin ku tangtung, tunggulpayung indungna nagri, padahayang ngiuhan, nu deukeut nu jauh, loba anu kapanasan, riablunta anu ka mana ka mendi,tinggal dayeuh maneuhna.

Aya deui anu katingali, matakwaas Gunung Tampomas,témbong téngtong rawas katon,dina sukuna gunung, ayadayeuh nu katingali, dayeuhnaon ngaranna, diriung ku gunung, gunung ti kulon tiwétan, semuna téh patapan anusarakti, nawing cadasna bodas.

Saur Radén moal salah deui, nukatémbong dayeuhna Sumedang,Kutamaya héjo lémbok, dayeuhgaludra ngupuk, pangupukanputra jeung putri, SumedangSukawayana, carék sindir pantun, sok ngawula kawayahna, ngapak ngapungkapindingan indung peuting,kalampat méga bodas.

Kari itu anu hiji deui, témbongkaton jeg Gunung Ciremay,tayohna dayeuh Cirebon, rebun-rebun halimun, samar-samar nukatingali, Cirebon sakadomas,jatining rahayu, tilas pacaremanana, ngaluhuranrenting sagedé papanting,rentang sagedé bangbara.

Mipir-mipir dina katumbiri,mapay nyukang dina kilatpanjang, awor dina méga héjo,gunung pating parentul, pasir-pasir di sakuriling, témbong timéga malang, kabéh méré semu, nagara mangunjar-ngunjar, anungapung sumiriwik tanding walik,jég heulang pateuh jangjang.

Sumiriwing angin ngahariring,rarandegan Radén pangapungna,ngadongdon nu kapiomong,nalutur nu kacatur, ngilik-ngilikgeusan keur ngancik, anggangmo burung datang, jauh wandé cunduk, témbong daun kalapana,tingarulang oyag katebak kuangin, dayeuh di Pajajaran.

Kidul wétan katingal deui,remeng-remeng jég GunungCikuray, ngadaweung semu nungantos, cicirén dayeuh Grut,pangirutan ka nu teu sumping,sumping urut paturay, ngamanggungan lungsur, nagaradi pameungpeukan, leuleuyeureun ningali ka Kandangwesi,bongan Galuh kabandan.

Saur Déwi geuning aya deui, teukabilang keur di méga malang,némbongan kawas nu ambon,horéng Gunung Galunggung,patilasan Galuh nu mulih, sukakari dukana, purana di payun, kahalangan ku Ciwulan, regngarandeg kairid ku Cimawati,luyuh-layah keusikna.

Ayeuna katelah kalindih, ciridayeuh di Tasikmalaya,Sukapura narikolot, Galuh Agungngan gunung, pangeunteunganGaluh Ciamis, onom kantunonamna, asiwung ngan sarung, Lakbok ngan kari botrokna, teukarasa kapindingan ku Parigi,Mangunharja ngan ngaran.

Déwi Asri geulis ti ngajadi,pamidangan dayeuh Pajajaran,matak hookeun nu nénjo, nyaurtungtungna imut, sieun majahsok goréng budi, socapeupeureundeuyan, bari ngomé sanggul, ka handap ngarompéssinjang, hadé lémékngabagéakeun nu sumping, lugayti pangcalikan.

Lay keupatna rék ka Banjarsari,ngagandeuang sahandapeunpucang, kalilaan angkat alon,eureun di aub tanjung,kapindingan ku nagasari,sahandapeun katapang, patepang-patepung, nya cadas-cadas harérang, kahibaran nyakeusik-keusik barentik, sumpingka kebon kembang.

Kembang teleng reujeungrincikbumi, kembang larangwijayakusumah, sarangéngéjeung taraté, kembang anggoanratu, turut sisi ku pakuhaji,sinagarna ngajajar, suwangkung ngariung, kumambangNusakambangan, sisindiran DéwiAsri ngahariring, keur jemplang-jempling pisan.

Jemplang-jempling ngantosan nusumping, yandak jimat nyaLanglayang Domas, keur upaholéng pangantén, meunangnyandak ti musuh, parengtanding di jabaning langit, mélaan kasukaan, jeung GuriangTujuh, teu burung unggularangna, jadi hiji GuriangTunggal kacangking, kacandakbungkeuleukan. Kencarnakeun di mana geussumping, pipamukeun DayeuhPajajaran, nu numpeskeunmusuh kabéh, ti méga malanglungsur, anu ngapung mulih kajati, kebo mulang ka kandang, jeung Kidang Pananjung, udeg-udeg di buana, Mundinglayalalaki di kolong langit, tedakGaluh Pakuan. Wantu-wantu sindir mahsasindir, wantu-wantu basa mahsabasa, ngan béda nu kapiraos,catur ti jurupantun, jurupantunanu berbudi, pantun tiPajajaran, ti kun-payakun, nyamos pieusieunana, sindir hijidi mana waliwis mandi, mandi dipangguyangan. Pangguyangan pangguyangankuring, pangguyanganpangguyangan urang, urang nukeur ngalalakon, lalakon nu keurngalun, pada-pada bogapamanggih, pada boga carita, pada boga galur, gok amprokjeung sasamana, mararantunaya nu pait nu amis, baralik karingaran.http://www.kalangsunda.net/ Archived 2015-08-03 di Wayback Machine