Gunung Semeru

Gunung Semeru nyaéta gunung pang luhurna di pulau jawa,pernahna di Jawa Tengah,puncak Gunung Semeru,Mahameru,miboga kaluhuran 3.676m di luhur benget laut (mdpl).Salian ti gunung pang luhurna di pulau jawa,Gunung Semeru ogé jadi gunung berapi pang luhurna di Indonesia saengges Gunung Kerinci (3805mdpl) jeung Rinjani (3726mdpl).[1]

Ieu gunung miboga jalur pendakian sajauh 18 kilometer,saenyana pendakian ka Mahameru kaasup ilegal ku sabab teu di izinan ku pihak Taman Nasiolan Bromo Tengger Semeru(TNBTS) kusabab status waspada Gunung Semeru nu sawaktu waktu bisa ngaluarken lava pijar ka arah puncak.[1]

Kapercayaan

Gunung Semeru boga makna nu jero keur umat hindu.Diyakinken salaku persemayaman para dewa,ieu ogé nu ngajieun sajumlah tangkal dililitan kaen bodas-koneng jeung pendaki ulah ngadegkeun tenda di ditu.[1]

Numutkeun kayakinan Hindu,Semeru di bopong ku Dewa Wisnu nu ngajalma kura-kura raksasa jeung Dewa Brahma nu ngajalma oray raksasa nu ngabelit penggalan ti Jambudwipa (daratan sekitar india) nu ngaimbangkeun pualu jawa nu kalalantung di lautan.[1]

Mung ,Pulau Jawa saacan saimbang wanci sameru geus nancep di sisi timur.Nepi ka,puncak Semeru di potong deui jeung di simpen ti sisi baratna jadi gunung nu di piwanoh salaku Gunung Penanggungan.[1]Di Ranu Kumbolo ogé aya sabongkah prasasti nu kerap tersampir kaen bodas jeung konéng sarta sasajen di hareupna.[1]Di luhurna kapahat aksara"ing deva'pu Kameswara tirthayarta",nu kira kira mobiga harti ziarah suci Mpu Kameswara (tirthayarta).[1]

Arca

Di Gunung Semeru bahelana aya dua arca nyaéta Arcapada jeung Aracapodo nu kiwari geus teu kaciri di jalur pendakian.Numutkeun Ekspedisi Cincin Api nu di lakonan Kompas dina taun 2011,Arcapodo masih kénéh aya masingkeun wanguna ges teu utuh sarta pernahna cukup jauh jeung hésé di jangkau di jalur pendakian.[1]

Rujukan