Kabupatén Kebumén

kabupatèn di Indonésia

Kabupatén Kebumén nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana Kebumén. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Banjarnegara di beulah kalér, Kabupatén Wonosobo jeung Kabupatén Purworejo beulah wétan, Samudra Hindia di beulah kidul, sarta Kabupatén Banyumas jeung Kabupatén Cilacap di beulah kuloneunnana.

Kabupatén Kebumén
Gambar:Kabupaten Kebuman.jpg

Lambang Kabupatén Kebumén
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kabupatén Kebumén
Motto-
PropinsiJawa Tengah
IbukotaKebumén
Lega Wilayah1.581,115 km²
Kordinat-
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.212.809 (2005)
747 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
26
449/11
Dasar hukumUU No. 13/1950
Tanggal-
BupatiDra. Rustriningsih, M.Si.
{{{kapala daerah1}}}{{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa0287
DAURp. 1.562.789.000.000 (2014)

Ramatloka: http://www.kebumen.go.id

Géografi

Sacara géografis Kabupatén Kebumén aya dina 7°27' - 7°50' Lintang Kidul jeung 109°22' - 109°50' Bujur Wétan. Beulah kidulna mangrupa dataran handap, sedengkeun beulah kalérna mangrupa pagununga, nu mangrupa bagéan tina Pagunungan Serayu. Di beulah kidul wewengkon Gombong, aya pagunungan kapur nu ngujur nepi ka basisir kidul. Di daérah ieu aya sababaraha guha nu aya stalaktit jeung stalagmit-an.

Lega wewengkon jeung pamakéannana

Kabupatén Kebumen legana 158.111,50 ha atawa 1.581,11 km² nu mana sababaraha wewengkonna mangrupa basisir jeung pagunungan, tapi lolobananana mangrupa dataran handap. Kacatet 49.745,00 ha atawa kurang leuwih 34,02% minangka lahan sawah jeung 88,366.50 ha atawa 68.98% minangka lahan garing. lolobana lahan sawahna kaaliran ku irigasi téhnis tur ampir satengahna (46,29%) bisa dipelakan dua kali sataun, sabagéan deui mangrupa sawah tadah hujan (33,45%) tur di sababaraha tempat bisa dipelakan dua kali sataun, sarta 20,26% lahan sawah irigasina satengah téhnis tur basajan. Lahan garing nu digunakeun keur wangunan legana 35.399,00 ha (36,19%), tegalan/kebon legana 34.988,00 ha (34,80%) sarta leuweung nagara legana 19.861,00 ha (22,08%) tur sésana digunakeun keur tegal pangangonan, tambak, balong, kakayon, sarta lahan nu sawatara waktu mah teu diusahakeun sarta lahan-lahan lianna.

Babagéan administratif

Kabupatén Kebumén ngawengku 26 kacamatan, nu kabagi deui jadi 449 désa jeung 11 kalurahan. Jumlah Rukun Warga (RW) lobana 1.877, sarta Rukun Tatangga (RT) lobana 6.755. Puseur pameréntahan aya di Kacamatan Kebumén.

Jumlah Wewengkon Administratif di Kabupatén Kebumén taun 2003-2005
Uraian200320042005
Jumlah kacamatan262626
Jumlah désa449449449
Jumlah kalurahan111111
Jumlah RW1.9171.8771.877
Jumlah RT6.8506.7556.755

Dina taun 2005 di Kabupatén Kebumén kacatet jumlah Pagawé Nagri Sipil (PNS) Otonom lobana 13.013 urang sarta PNS Instansi Vértikal lobana 1.414 urang sahingga jumlah PNS sakabéhna lobana 14.427 urang. Tina jumlah éta 61,39%-na nyaéta PNS lalaki, sarta PNS awéwéna 38,61%.Lian ti Kebumén, kota-kota kacamatan lianna nu cukup signifikan nyaéta Gombong, Karanganyar, Kutowinangun, Ayah, jeung Sempor.

Ngaran-ngaran Tumenggung/Adipati/Bupati nu Kungsi Mingpin Kebumén
No.NamataunNgaran Daérah
1Panembahan Bodronolo1642-1657Panjer
2Hastrosuto1657-1677Panjer
3Kalapaking I1677-1710Panjer
4KRT.Kalapaking II1710-1751Panjer
5KRT.Kalapaking III1751-1790Panjer
6KRT.Kalapaking IV1790-1833Panjer
7KRT. Arungbinang IV1833-1861Panjer
8KRT. Arungbinang IV1861-1890Kebumén
9KRT. Arungbinang IV1890-1908Kebumén
10KRT. Arungbinang IV1908-1934Kebumén
11KRT. Arungbinang IV1934-1942Kebumén
12R. Prawotosoedibyo S.1942-1945Kebumén
13KRT. Said Prawirosastro1945-1947Kebumén
14RM. Soedjono1947-1948Kebumén
15R.M. Istikno Sosrobusono1948-1951Kebumén
16R.M. Slamet Projorahardjo1951-1956Kebumén
17R. Projosudarto1956-1961Kebumén
18R. Sudarmo Sumohardjo1961-1963Kebumén
19R.M. Suharjo Notoprojo1963-1964Kebumén
20DRS. R. Soetarjo Kolopaking1964-1966Kebumén
21R. Suyitno1966-1968Kebumén
22Mashud Mertosugondo1968-1974Kebumén
23R. Soepeno Suryodiprojo1974-1979Kebumén
24DRS. H. Dadiyono Yudoprayitno1979-1984Kebumén
25DRS. Iswarto1984-1985Kebumén
26H. M.C. Tohir1985-1990Kebumén
27H.M. Amin Soedibyo1990-1995Kebumén
28H.M. Amin Soedibyo1995-2000Kebumén
29Dra. Rustriningih, M.Si.2000-2005Kebumén
30DRA. Rustriningsih, M.Si.2005-........Kebumén

Transportasi

Kebumén aya di jalur lintas kidul Pulo Jawa. Angkutan umum antarkota dilayanan ku beus jeung karéta api. Stasioasion panggedéna. Lian ti éta aya ogé sababaraha stasion leutik saperti Prembun, Karanganyar, Soka, Kutowinangun, jeung Gombong. Di antara karéta api nu ngaliwatan Kebumén nyaéta Senja Utama jeung Fajar Utama (Jakarta-Yogyakarta), Argo Wilis (Bandung-Surabaya), Bima (Jakarta-Surabaya), Logawa (Purwokerto-Surabaya-Jember), jeung Kutojaya (Kutoarjo-Jakarta).

Rupa-rupa

  • Kadaharan has Kebumén di antarana: nasi penggel, lanthing, satée ambal, kethek, lenthis, thepleng pejet, jipang kacang, jeung salé cau.

Tumbu luar

 t·s·é 
Kabupatén jeung Kotamadya di Propinsi Jawa Tengah

Kabupaten:Banjarnegara |Banyumas |Batang |Blora |Boyolali |Brebes |Cilacap |Demak |Grobogan |Jepara |Karanganyar |Kebumén |Kendal |Klatén |Kudus |Magelang |Pati |Pekalongan |Pemalang |Purbalingga |Purworejo |Rembang |Semarang |Sragén |Sukoharjo |Tegal |Temanggung |Wonogiri |Wonosobo

Kota (kotamadya):Magelang |Pekalongan |Salatiga |Semarang |Surakarta |Tegal

Baca ogé daptar kabupatén jeung kotamadya di Indonésia