Lompat ke isi

Karéta api Cikuray

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karéta api Cikuray
Gambar:KA Cikuray.jpg
KA Cikuray
Informasi
SistemKaréta api Jarak Manengah
KelasÉkonomi AC Plus
StatusBeroperasi
LokalDaop 2 Bandung
Stasion awalPasar Senén
Garut
Jumlah stasion16
Operasi
Dibuka25 Maret 2022
Dipiboga kuPT Kereta Api Indonesia
OperatorDaérah Operasi II Bandung
LokomotipCC201, CC203, atawa CC206
Data téhnis
Lébar sepur1067 mm
Listrik-
Gancangna operasional60 - 90 km/jam
Titik pangluhurna+848 (Stasion Nagrég)

Karéta api Cikuray nyaéta karéta api panumpang kelas éksekutip jeung ékonomi AC prémium nu ngalayanan ruteu Pasar Senén-Garut jeung sabalikna.[1]

Operasional KAédit sumber

KA Cikuray dioperasikeun bareng jeung diresmikeunna réaktipasi jalur karéta api Cibatu-Garut, pikeun ngagampilkeun mobilitas masarakat Kabupatén Garut ka Jakarta, kitu ogé sabalikna. Ku kitu, pariwisata di Garut ogé bisa mekar ku ayana karéta api Cikuray.[2]

KA Cikuray ngagunakeun rangkéan karéta ékonomi plus Kemenhub jieunan PT INKA Madiun.

Karéta api ieu eureun di Stasion Garut, Cibatu, Lélés, Nagrég, Cicaléngka, Kiaracondong, Bandung, Cimahi, Padalarang, Cilame (arah Garut ngaliwat langsung), Sasaksaat (arah Jakarta ngaliwat langsung), Sukatani (arah Jakarta ngaliwat langsung), Purwakarta, Cikampék, Karawang, Bekasi, Jakarta Jatinegara (arah Garut ngaliwat langsung), jeung Jakarta Pasar Senén. Pikeun harga tikét flat Rp45.000,00 ti stasion mana baé.[1]

Asal usul ngaranédit sumber

Ngaran Cikuray dicokot ti Gunung Cikuray, gunung anu perenahna aya di Kabupatén Garut, Jawa Kulon

Tingali ogéédit sumber

Karéta api

Rujukanédit sumber

Tumbu kaluarédit sumber

(id) Situs resmi PT Kereta Api Indonesia[tumbu nonaktif]


🔥 Top keywords: TepasBiantaraSajak SundaKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganPurwakantiHusus:SungsiWartaPakeman basaKecap rajékan (basa Sunda)Kecap (basa Sunda)BiografiWawacanGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgNovelSaluran cernaPerang Dunya IISisindiranBacharuddin Jusuf HabibieAksara Sunda BakuKumpulan sajakWikipedia:NgeunaanGuguritanCarita pondokPupuhWikipedia:Bantahan umumYongki KomaladiJean SimmonsDéwi SartikaKecap barangOto Iskandar di NataKawihMantra SundaWikipedia:PitulungNyiruanEngangWawancaraWikipedia:SawalaKecap rundayan (basa Sunda)