Modal

Modal nyaéta dana awal pikeun nyieun hiji pausahaan jeung sagala rupa kagiatanana sarta mangrupa bagian nu dipimilik ku nu boga éta perusahaan.[1] Nurutkeun KBBI, modal téh nyaéta duit nu dipaké minangka poko (induk) pikeun dagang; harta banda nu bisa digunakeun pikeun ngahasilkeun sagala rupa hal nu bisa ngajadikeun beunghar.[2]
Dina kamekaranana, modal miboga sifat non-physical oriented anu harti tina modalna sorangan museur kana nilai, daya beuli, jeung kakawasaan pamaké.[3] Di handap ieu mangrupa wangenan modal ti sababaraha ahli:

  1. Prof. Polak nétélakeun modal nyaéta kakawasaan pikeun ngagunakeun barang-barang modal.[3]
  2. Prof. Meij nétélakeun modal nyaéta koléktivitas tina barang-barang modal.[3]
  3. A.Amonn, J.von Komorzynsky nétélakeun modal minangka hiji kakawasaan ngagunakeun barang-barang modal nu can digunakeun.[3]
  4. Nurutkeun Alam S, modal nyaéta sagala sumber daya hasil produksi nu awét nu bisa digunakeun minangka input produktif dina produksi satuluyna.[4]
  5. Nurutkeun prof. Baker modal dihartikeun minangka barang-barang kongkrét nu masih aya dina rumah tangga pausahaan nu aya dina neraca gigireun debit atawa mangrupa daya beuli jeung nilai tukeur tina barang-barang nu geus kacatet sagigireun krédit.[4]
  6. Nurutkeun Ivana Lestari, modal nyaéta tiap-tiap hasil (produk) nu digunakeun pikeun ngahasilkeun produk satuluyna.[4]
  7. Nurutkeun Ikatan Akuntan Indonesia (IAI), modal mangrupa bagéan hak pamilik dina pausahaan nu mangrupa selisih antara asét jeung hutang nepi ka lain mangrupa nilai jual pausahaan.[4]
  8. Nurutkeun Yusdianto Prabowo, modal nyaéta sajumlahing harta nu jadi hak milik hiji usaha.[4]

Referensi