Pérsib

Persatuan Sepakbola Indonésia Bandung.
(dialihkeun ti Persib)

Pérsib téh mangrupa kasabelasan maén bal nu aya di Bandung. Persib nyaéta singgetan tina Persatuan Sepakbola Indonésia Bandung.Klub iyeu dijieun tanggal 5 Januari 1919 nu baheula disebat Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond (BIVB).[1]

Persib Bandung
Ngaran lengkepPersatuan Sépak Bola Indonésia Bandung
Lalandihan
  • Maung Bandung
  • Pangéran Biru
Ngadeg5 Januari 1919; 105 kaliwat (1919-01-05)
LapanganStadion Si Jalak Harupat
Bandung, Indonesia
Lapangan Kapasitas38.000
Nu bogaPT. Persib Bandung Bermartabat
PrésidénIndonésia Glenn Sugita
MénéjerIndonésia Umuh Muchtar
PalatihSpanyol Luis Milla
LigaLiga 1
2022/233
Loka raramatClub home page
Kelir timKelir timKelir tim
Kelir tim
Kelir tim
Kelir kandang
Kelir timKelir timKelir tim
Kelir tim
Kelir tim
Kelir tandang
Kelir timKelir timKelir tim
Kelir tim
Kelir tim
Kelir katilu
Usum kiwari

Sajarah

Saméméh dingaranan Pérsib, di Kota Bandung ajeg Bandoeng Inlandsche Voetball Bond (BIVB) leuwih-kurang taun 1923. BIVB mangrupa salah sahiji organisasi perjuangan kaum nasionalis. Nu kungsi kacatet minangka pupuhu BIVB nyaéta Mr. Syamsudin nu diteruskeun ku putra pejuang istri Déwi Sartika, nyaéta R. Atot.

Atot ieu nu kacatet minangka Komisaris Daérah Jawa Barat nu munggaran. BIVB ngamangpaatkeun lapangan Tegallega di hareupeun tribun pacuan kuda. Tim BIVB sababaraha kali ngayakeun pertandingan di luar kota saperti Yogyakarta jeung Jatinegara Jakarta.

BIVB ngaleungit, tuluy mucunghul dua pakumpulan séjénna nu mamawa nasionalisme Indonésia nyaéta Persatuan Sepak Bola Indonésia Bandung (PSIB) jeung National Voetball Bond (NVB).

Tanggal 14 Maret 1933, dua pakumpulan ieu sapuk pikeun ngahiji nu balukarna gumelar hiji pakumpulan nu dingaranan Persib. Harita nu jadi pamingpina kapeto Anwar St. Pamoentjak minangka Pupuhu Umum. Kleup-kleup nu ngagabung ka Pérsib nyaéta SIAP, Soenda, Singgalang, Diana, Matahari, OVU, RAN, HBOM, JOP, MALTA, jeung Merapi.

Mangsa harita ogé di Bandung geus aya pakumpulan maén bal séjén nu diluluguan ku urang Walanda nyaéta Voetbal Bond Bandung & Omstreken (VBBO). Ieu pakumpulan sok nganggap énténg ka Pérsib, nyapirakeun Persib tur nganggap sabagé perkumpulan “kelas dua“. VBBO sering ngécé ka Persib. Ma'lum waé pertandingan-pertandingan nu diayakeun ku Pérsib dilakukeunnana di pasisian Bandung harita—kawas Tegallega jeung Ciroyom.

Masarakat ogé waktu harita mah leuwih resep nonton pertandingan anu diayakeun ku VBBO. Tempat lumangsungna pertandinganana aya di jero Kota Bandung nu pastina dianggap leuwih hadé, nyaéta dua lapangan nu aya di puseur kota, lapang UNI jeung lapang SIDOLIG.

Sanggeus “perang dingin“ sawatara lila, ahirna Pérsib meunang nu ahirna jadi pakumpulan maénbal hiji-hijina keur masarakat Bandung jeung sabudeureunnana. Kleup-kleup nu tadina ngagabung ka VBBO saperti UNI jeung SIDOLIG, lila-lila mah ngahiji jeung Persib. Malahan mah VBBO satuluyna masrahkeun lapangan nu biasa dipaké keur tanding nyaéta Lapangan UNI, Lapangan SIDOLIG (kiwari Stadion Persib), jeung Lapangan SPARTA (kiwari Stadion Siliwangi). Kaayaan ieu tangtu waé beuki ngukuhkeun éksisténsi Persib di Bandung.

Nalika Indonésia sumérén ka kawasaan Jepang, kagiatan persepakbolaan anu ditangtayungan ku organisasi dieureunkeun sarta organisasina dibredel. Hal ieu henteu lumangsung di Bandung wungkul tapi ogé di sakuliah lemah cai. Ku alatan kitu, otomatis Persib ngalaman mangsa suwung. Sumawona Pamaréntah Kolonial Jepang ogé ngadegkeun perkumpulan anyar anu nangtayungan kagiatan olahraga nalika éta nyaéta Rengo Tai Iku Kai.

Tapi minangka organisasi bernapaskeun perjuangan, Persib henteu taluk kitu waé kana kahayang Jepang. Memang ngaran Persib sacara resmi robah jadi ngaran maké basa Jepang tadi. Tapi sumanget juang, tujuan sarta udagan Persib minangka sarana perjuangan henteu robah saeutik ogé.

Dina mangsa révolusi Fisik, sanggeus Indonésia merdéka, Persib némbongkeun éksisténsina. Kaayaan harita nyababkeun Pérsib teu ngan éksis di Bandung wungkul, tapi mimiti sumebar di sababaraha kota séjénna. Ku kituna aya Persib di Tasikmalaya, Persib di Sumedang, sarta Persib di Yogyakarta.

Dina mangsa éta soldadu-soldadu Siliwangi hijrah ka ibukota perjuangan Yogyakarta. Kakara dina taun 1948 Persib nanjeur di Bandung, dayeuh kalahiran anu saterusna ngagedékeunana. Rongrongan Walanda datang, VBBO ditarékahan hirup deui ku Walanda (NICA) sok sanajan kalawan ngaran anu basana Indonésia, Persib minangka bagian tina kakuatan perjuangan nasional tangtu waé kalawan sakuat tanaga usaha ngagagalkeun usaha eta. Dina mangsa pendudukan NICA kasebut, Persib diadegkeun deui ku alpukah di antarana, dr. Musa, Munadi, H. Alexa, Rd. Sugeng jeung Pupuhu Munadi.

Perjuangan Persib sigana mah junun, ku kituna di Bandung ngan aya hiji perkumpulan maenbal nyaéta Persib anu dumasar kana sumanget nasionalisme. Pikeun kapentingan pengelolaan organisasi, dekade 1950-an ieu ogé nyatet kajadian penting. Dina période 1953- 1957 éta pisan Persib mungkas mangsa pindah-pindah sekretariat. Walikota Bandung waktu éta R. Enoch, ngahudangkeun Sekretariat Persib di Ciléntah.

Mimiti Persib mibanda gedong anu kiwari aya di Jalan Gurame, nyaéta usaha R. Soendoro, saurang overste replubiken anu anyar kaluar ti LP Kebonwaru dina taun1949. Dina waktu éta, ngaliwatan kepengurusan anu dipingpinna, Soendoro nyanghareup ka R. Enoch anu pareng mangrupa sobat dalitna. Tina hasil sawalana, walikota ngarojong sarta mikeun sawidang taneuh di Jalan Gurame ayeuna ieu.

Dina danget éta, Persib éstu keur dina kaayan prihatin alatan kakurangan waragad. Persib henteu boga waragad keur ngawangun gedong. Soendoro ngadeuheus ka Walikota Bandung,“ Taneuh puguh deui, tapi rapet ditiungan ku langit bulao,” ceuk Soendoro. Ahirna Enoch ogé mantuan ngawangun gedong anu saterusna ngalaman dua kali renovasi. Kiprah Soendoro ku anjeun di dunya maén bal diteruskeun ku pala putrana, di antarana Soenarto, Soenaryono, Soenarhadi, Risnandar, sarta Giantoro sarta incuna Hari Susanto.

Dina ngajalankeun kikiping organisasi sawatara ngaran anu ogé berperan dina muterna kikiping organisasi Persib nyaéta Mang Andun sarta Mang Andi. Ieu adi lanceuk téh jelema lapang Persib. Pancén duanana, ayeuna ieu dituluykeun ku putra sarta minantuna, Endang sarta Ayi saprak 1990-an. Sajaba ogé staf administrasi Turahman.

Renovasi kahiji dipigawé nalika kapamingpinan Engkol. CPM Adella (1953-1963). Kiwari sekretariat Persib di Jalan Gurame éta geus cukup representatif, sumawona sanggeus Pupuhu Umum H. Wahyu Hamijaya (1994-1998) ngarenovasi gedong kasebut ku kituna jadi kantor anu nyukupan pikeun ngawadahan sagala rupa kagiatan kesekretariatan Persib.

Pangabisa Persib ngajaga ajén-inajén sarta talarina sarta ngaluyukeun manéh jeung kamekaran jaman tangtu henteu ucul ti figur Pupuhu Umum lain ngan figur anu boga kamampuan ngokolakeun organisasi dina harti sangkan organisasi éta terus hirup, tapi ogé figur anu sanggup ngadongkar potensi sarta ngakomodasikeun kakuatan anu aya, ku kituna kiprah Persib dina kancah maén bal nasional terus lumangsung liwat sagala rupa karya Persib. Persib nepi ka dina bentukna anu ayeuna ieu tinangtu henteu ucul ti figur-figur Pupuhu Umum anu kungsi dipibogana. Ibarat nyieun wangunan, ti hiji Pupuhu Umum ka Pupuhu Umum anu séjén, sok sambung-sinambung ku kituna kabentuk hiji wangunan anu ngaranna Persib kawas anu urang wawuh ayeuna ieu.

Pamaen sareng ketua umum

Ketua Umum

Runtuyan Ketua Umum Pérsib ti mangsa ka mangsa nyaéta:

  1. Anwar St. Paamoentjak ( 1933 )
  2. R. Sadikin (henteu kanyahoan mangsa kapamingpinannana)
  3. R. Otto Iskandar Dinata (henteu kanyahoan mangsa kapamingpinannana)
  4. A. Munadi ( 1949 )
  5. Dr. Ishak Surjakusumah ( 1949 )
  6. R. Soendoro ( 1950 )
  7. R. Ibrahim Iskandar ( 1956- 1958 )
  8. R. Ating Prawirasastra ( 1958- 1960 )
  9. K. Komarawinata ( 1961- 1963 )
  10. Kol. Adella ( 1963- 1965 )
  11. Kol. D. Hanfiah ( 1965- 1972 )
  12. R. Otje Djundjunan ( 1972- 1979 )
  13. Solihin GP ( 1979- 1985 )
  14. H. Ateng Wahyudi ( 1985- 1993 )
  15. H. Wahyu Hamijaya ( 1994- 1998 )
  16. Aa Tarmana ( 1998- 2002 )
  17. H. Dada Rosada, S.H., M.Si. ( 2002 - 2006).
  18. H. Umuh Muchtar (2007-ayeuna).

Staf Kepelatihan

  • Menejer : H. Umuh Muchtar.
  • Pelatih Kepala : Robert Rene Albert
  • Asisten pelatih 1 : Budiman Yunus.
  • Asisten pelatih 2 : Asep Sumantri.
  • Asisten pelatih 3 : Yusuf Bachtiar.
  • Pelatih kiper : Gatot Prasetyo.

Pamaen

Pamaen Persib Bandung 2018
NamiPosisiNomer tonggongNagara asal
M. Natshir Fadhil MahbubyKiper1Indonesia
Dhika BayangkaraKiper81Indonesia
M. Aqil SafiqKiper30Indonesia
I Made WirawanKiper78Indonesia
Nick KuipersBek2Belanda
Henhen HerdianaBek12Indonesia
Ardi IdrusBek3Indonesia
Fabiano BeltrameBek15Indonesia
Supardi NasirBek22IndonesiaAchmad JufriyantoBek16Indonesia
ZalnandoBek17Indonesia
Indra MustafaBek19Indonesia
'Mario JardelBek97Indonesia
Omid NazariGelandang91Filipina
Dedi KusnandarGelandang11Indonesia
Esteban VizcarraGelandang9Indonesia
Beckham PutraGelandang7Indonesia
Gian Zola NugrahaGelandang18Indonesia
Abdul AzizGelandang8Indonesia
Febri HariyadiGelandang13Indonesia
Kevin Van KippersluisGelandang20Belanda
Kim KurniawanGelandang23Indonesia
HarionoGelandang24Indonesia
Syafril LestaluhuGelandang67Indonesia
Erwin RamdaniGelandang93Indonesia
Jack BrownGelandang34Indonesia
Frets ButuanPenyerang21Indonesia
Ghozali SiregarPenyerang77Indonesia
Mario JardelPenyerang25Indonesia
Ilham QolbaPenyerang59Indonesia
Ezechiel N'DouaselPenyerang10Chad

Prestasi

Liga Nasional

Piala Nasional

  • Piala Indonésia
    • Juara (0):
    • Runner-Up (0):

Turnamen Nasional

  • Siliwangi Cup
  • Piala Walikota Padang
    • Juara (1):2015
  • Piala Soeratin
    • Juara (2): 2003, 2006
  • Piala Utama
    • Runner-up: 1992
  • Persija Cup
  • Kang Dada Cup
  • Celebes Cup
  • Jusuf Cup
  • Juara Cup

Internasional

  • Pesta Sukan (Sultan Brunei Cup)
  • Liga Champions Asia
    • Parapatfinal (1): 1995

Tutumbu kaluar