Rénaisans

Rénaisans atawa Abad Panganyaran[lower-alpha 1] mangrupa kurun mangsa abad ka-15 nepi abad ka-16 dina sajarah Éropa anu mangrupa mangsa pamindahan tina Abad Patengahan ka Jaman Modéren. Rénaisans munggaran saluyu jeung Krisis Ahir Abad Patengahan, tur pakait jeung parobahan sosial gedé-gedéan. Nurutkeun kana para pangrojong "Rénaisans panjang", Rénaisans nyaéta mangsa ti abad ka-14 nepi abad ke-17.[2] Kamandang tradisional leuwih nétélakeun aspék-aspék munggaran Jaman modéren tina Rénaisans, anu matak méré pamadegan yén Rénaisans mangrupa pamegat ti mangsa buhun, tapi loba sajarawan kiwari leuwih nétélakeun aspék-aspék Abad Patengahanna, anu matak méré pamadegan yén Rénaisans mangrupa panuluy tina Abad Patengahan.[3][4]

Firenze, kota kagumelarn Rénaisans Éropa. Dina mangsa ieu perspéktip arsitéktur sarta sistim pabankan tur sistim akuntansi modéren munggaran dipikawanoh ku loba jelema.

Référénsi

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Cutatan