Somalia

Somalia (basa Somali: Soomaaliya; Basa Arab: الصومالaṣ-Ṣūmāl), resmina Républik Somalia (basa Somali: Jamhuuriyadda Soomaaliya, Basa Arab: جمهورية الصومالJumhūriyyat aṣ-Ṣūmāl) jeung baheulana kawanoh salaku Républik Démokratik Somalia dina kakawasaan sosialis, nyaéta hiji nagara nu aya di Tanduk Afrika. TI mimitina Perang Sadulur Somalia dina 1991 euweuh kakawasaan pamaréntah puseur kana kalobannnana bagian nagara ieu.[2] Pamaréntah Féderal Transisi nu diakuan ku dunya internasional ngan ngawasaan sabagian leutik nagara. Somalia geus dikategorikeun asalaku nagara gagal jeung salah sahiji nagara nu pangmiskinna jeung pangripuhna di dunya.[5][6][7][8][9][10][11][12]

Jamhuuriyadda Soomaaliya
جمهورية الصومال
Jumhūriyyat as-Sūmāl
Républik Somalia
Bandéra Somalia Lambang Somalia
Lagu
Qolobaa Calankeed
Location of Somalia
Location of Somalia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Mogadishu
2°02′N 45°21′E
Basa resmi
  • Somali
  • Arab[1][2]
  • Grup étnis 
  • Somali (85%)
  • Benadiri
  • Bantu jeung non-Somali lianna (15%)[2]
  • Démonim Somali;[2] Somalian[3]
    Pamaréntah Pamaréntahan koalisi
     -  Présidén Mohamed Abdullahi Mohamed
     -  Perdana Mentri Mohamed Hussein Roble
    Pawangunan
     -  Somaliland Britania 1884 
     -  Somaliland Italia 1889 
     -  Kahijian jeung kamerdikaan 1 Juli 1960[2] 
     -  Konstitusi 25 Agustus 1979[2] 
    Aréa
     -  Total 637.657 km² (ka-43)
    246.200 mil² 
    Populasi
     -  Perkiraan  2011 9.925.640[2] (ka-86)
     -  Kapadetan 16,12[4] /km² (199)
    6,22 /mil²
    GDP (PPP) Perkiraan 2010
     -  Total $5,896 milyar[2] (ka-158)
     -  Per kapita $600[2] (ka-223)
    HDI (2010) t/s (teu karéngking)
    Mata uang Shilling Somalia (SOS)
    Zona wanci EAT (UTC+3)
     -  Usum panas (DST) teu kaobsérvasi (UTC+3)
    TLD Internét .so
    Kode telepon +252
    1 Piagam Féderal Transisi Républik Somalia

    Somalia aya di bagian pangwétanna ti buana Afrika. Nagara ieu wawatesan jeung Djibouti di kalér-kulon, Kénya di kidul-kulon, sarta Teluk Aden kalawan Yaman di kalér, Samudra Hindia di wétan, jeung Étiopia di kulon. Nagara ieu miboga garis basisir nu pangpanjangna sabuanana[13]. Daratanna utamina diwangun ti plato, dataran, jeung Daratan luhur.[2] Kaayaan panas aya sapanjang taun, bareng angin muson usuman jeung hujan nu teu tangtu.[14]

    Baheula, Somalia mangrupa salah sahiji puseur padagangan penting di dunya kuna,[15][16] jeung dumasar kana raloba ahli,[17][18] wewengkon ieu aya dina daptar lokasi nu meureun mangrupa tempatna Nagri Punt.[19][20] Basa Jaman Patengahan, sababaraha kakaisaran Somali ngadominasi padagangan régional, kaasup Nagara Ajuuraan, Kasultanan Adal, Kasultanan Warsangali, jeung Dinasti Gobroon. Dina ahir abad ka-19, Britania jeung Italia ngawasaan bagian-bagian basisir, sarta ngawangun Somaliland Britania jeung Somaliland Italia[21] Di bagian jerona, Nagara Dervish Muhammad Abdullah Hassan hasil ngéléhkeun Kakaisaran Britania 4 kali jeung maksaanna sangkan mundur ka wewengkon basisir,[22] tapi Dervish ahirna éléh dina 1920 ku pasukan udara Britania.[23] Italia miboga kadali pinuh kana bagian wewengkon ieu dina 1927. Panjajahan ieu réngsé dina 1941, basa diganti ku administrasi militér Britania. Somalia Kalér bakal tetep jadi hiji protéktorat, samentara Somalia kidul jadi hiji wewengkon pawalian. Dina 1960, 2 wewengkon ieu dihijikeun sangkan ngawangun Républik Somalia merdika dina pamaréntahan sipil.[24] Mohamed Siad Barre mibanda kakawasaan dina 1969 jeung ngadegkeun Républik Démokratik Somalia. Dina 1991, pamaréntahannanan ripuh jeung Perang Sadulur Somalia mimiti.

    Saprak 1991, taya pamaréntahan puseur nu ngawasaan sadaya bagian nagara, sanajan aya sababaraha usaha pikeun ngadegkeun hiji pamaréntahan puseur.[25] Bagian kalér-kulon nagara ieu lumayan stabil dina, nagara daulat Somaliland, nu teu diakuan sacara internasional.[26] Wewengkon Puntland aya di bagian kalér-wétan nagara ieu. Wewengkon éta nyebutkeun manéhna otonom, tapi teu merdika ti Somalia.[2] Grup Islam Al-Shabaab ngawasaan sabagian gedé ti bagian kidul nagara ieu. Tanpa hiji pamaréntahan puseur, padumuk Somalia teras balik ka bentuk lokal ti résolusi masalah, perang sadulur, Islam, atawa adat.[2] Pamaréntahan Féderal Transisi nu diakuan sacara internasional ngan ngawasaan ibu kota jeung sababaraha wewengkon di bagian tengah nagara ieu, jeung geus ngadegkeun deui sababaraha lembaga nasional saperti Angkatan Pakarang, jeung keur nyiapkeun pamilu nasional dina 2012, basa mandat pamaréntahan interim béak.[27][28] Dina 2 dekade perang jeung kirangna pamaréntahan, Somalia miboga ékomomi teu resmi, dumasarna kana utamina ingon, pausahaan pangintunan uang/transfer uang, jeung telekomunikasi.[2][29]

    Tempo ogé

    .

    Rujukan

    Bibliograpi

    Bacaan salajengna

    Tumbu kaluar

    Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Somalia ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
    Définisi kamus ti Wiktionary
    Buku téks ti Wikibooks
    Cutatan ti Wikiquote
    Téks sumber ti Wikisource
    Gambar jeung média ti Commons
    Warta ti Wikinews
    Sumber pangajaran ti Wikiversity

       Tempo ogé Somalia di Wikivoyage

    Citakan:Somalia topics