Stasion Weleri

Stasion Weleri (WLR) (Hanacaraka: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦮꦼꦭꦺꦫꦶ, Sêtasiyun Weléri) nyaéta stasion karéta api kelas I anu perenahna di Karangdowo, Weleri, Kendal. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +12 m ieu kaasup ka Daérah Operasi IV Semarang sarta mangrupa hiji-hijina stasion karéta api anu ngalayanan panumpang anu turun-unggah di Kabupatén Kendal. Kiwari karéta api anu eureun di ieu stasion ngan karéta kelas ékonomi jeung kelas campuran. Ti jalan raya, stasion ieu aya di tukangeun Pasar Weleri.

Stasion Weleri

  • Singgetan: WLR
  • Nomor: 2501
Stasion Weleri, 2019
LokasiJalan Stasion Weleri 1
Karangdowo, Weleri, Kendal, Jawa Tengah, 51355
Indonésia
Luhur+12 m
OperatorDaérah Operasi IV Semarang
Letak ti pangkalkm 39+065 lintas Semarang Poncol-Tegal-Cirebon
km 0+000 lintas WeleriBesokor[1]
Jumlah péron3 (hiji péron sisi jeung hiji péron pulo anu rada jangkung, sarta hiji péron pulo anu pendék)
Jumlah jalur5 (jalur 2 jeung 3: sepur lempeng)
Informasi lain
KlasifikasiI[2]
Sejarah
Dibuka1897
Layanan
Argo Sindoro Fakultatif, Jayabaya, Dharmawangsa, Ciremai, Kamandaka, Joglosemarkerto, Tawang Jaya (régulér, prémium, & tambahan), Kertajaya (régulér & tambahan), Menoréh, Kaligung, jeung Matarmaja Tambahan (arah Jakarta)
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanÉléktrik tipeu Sinyal Interlocking Len-02 (2013–kiwari)
Pamesenan tikétSistem tiket onlén, ngalayanan pamesenan sarta meuli langsung di lokét.Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass.
Lokasi dina peta

Stasion ieu mangrupa stasion pangkulonna di Kabupatén Kendal sarta jadi stasion utama tur panggedéna di Kabupatén Kendal, ngagantikeun Stasion Kendal. Stasion ieu unggal poéna lumayan ramé setiap ku sabab loba masarakat anu naék karéta ka kota-kota di Jawa Tengah atawa kota gedé lianna di Pulo Jawa.

Wangunan jeung tata letak

Mimitina, stasion ieu boga opat jalur karéta api kalawan jalur 3 eksisting anu jadi sepur lempengna. Ngan saenggeus jalur ganda pétak stasion ieu nepi ka Stasion Kaliwungu resmi dioperasikeun mimiti tungtung Nopémber 2013[3] sarta nepi ka Stasion Ujungnegoro mimiti patengahan Maret 2014[4], jumlah jalurna ogé nambah jadi lima. Jalur 1 eksisting dibongkar, jalur 2 éksisting dirobah jadi jalur 1 anu anyar minangka sepur méngkol, jalur 3 eksisting dirobah jadi jalur 2 anu anyar minangka sepur lempeng arah Semarang, sedengkeun jalur 4 éksisting dirobah jadi jalur 3 anu anyar minangka sepur lempeng arah Cirebon. Sésana, jalur 4 jeung 5 mangrupa sepur péngkol anyar baru. Salian ti éta, sistem pasinyalan éléktrik anu heubeul geus diganti ku nu anyar jieunan PT Len Industri.

Kurang legana rohangan tunggu panumpang sarta kurang panjangna péron anyar pikeun jalur 1 jeung 2 sarta jalur 3 yang masih kénéh maké péron heubeul anu pendék, matak ngahésékeun turun-unggahna panumpang, tuluy euweuh hateup péron (overcapping/kanopi) anu matak panumpang sok kahujanan nalika rék turun-unggah karéta. Teu nutup kamungkinan yén di stasion ieu bakal dijieun péron jangkung sarta dipasang overcapping/kanopi saperti di Stasion Brebes.

Baheula ka arah kidul, aya jalur karéta api cabang ka Dusun Besokor di Désa Sidomukti sapanjang 3,6 kilométer (dibuka 1 April 1901).[5] Teu dipikanyaho iraha sarta kunaon éta jalur bet ditutup, tapi kamungkinan ku sabab dibongkar ku pagawé romusha Jepang di taun 1943. Harita, Jepang eukeur néangan bahan matérial pikeun perang anu matak loba jalur karéta api di Indonésia anu dibalongkar.

Ciri has

Ciri has ieu stasion nyaéta diputerna lagu Gambang Semarang (varian piano ala Stasion Semarang Tawang a nu heubeul) nalika aya karéta anu rék berangkat.

Layanan karéta api

Panumpang

Kelas éksekutip

Argo Sindoro Fakultatif, jurusan Jakarta jeung jurusan Semarang

Kelas campuran

Kelas ékonomi AC prémium

Kelas ékonomi AC plus

Menoréh, jurusan Jakarta jeung jurusan Semarang

Kelas ékonomi AC

Tawang Jaya, jurusan Jakarta jeung jurusan Semarang

Pasalingsingan jeung pasusulan

Jadwal karéta api

Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Weleri per 1 April 2020 (révisi Gapéka 2019).

  • KA Régulér
No. KAKAJurusanKelasNepiIndit
155/154CiremaiSemarang Tawang (SMT)Éksekutip & Bisnis00.5200.56
264MenoréhÉkonomi AC Plus01.4901.53
255AKertajayaJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC Prémium02.1902.22
135DharmawangsaÉksekutip & Ékonomi AC03.4403.48
271KaligungCirebon Prujakan (CNP)Ékonomi AC Plus05.3305.36
330Tawang JayaSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC06.0506.09
280KaligungÉkonomi AC Plus06.4406.47
149/152CiremaiCikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD)Éksekutip & Bisnis07.1307.15
263MenoréhJakarta Kota (JAKK)Ékonomi AC Plus08.3608.39
187/188KamandakaSemarang Tawang (SMT)Éksekutip & Ékonomi AC Plus08.4808.52
193/194/195JoglosemarkertoTegal (TG) nyambung ka Solo Balapan (SLO)-Semarang Tawang (SMT)08.5608.59
279KaligungBrebes (BB)Ékonomi AC Plus09.2309.26
189/190KamandakaTegal (TG) nyambung ka Purwokerto (PWT)Éksekutip & Ékonomi AC Plus11.4211.44
272KaligungSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC Plus12.0112.03
262Tawang Jaya PrémiumSemarang Tawang (SMT)Ékonomi AC Prémium12.4612.49
199/200/201JoglosemarkertoSolo Balapan (SLO) nyambung ka Yogyakarta Tugu (YK)Éksekutip & Ékonomi AC Plus13.5713.59
329Tawang JayaJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC14.0114.04
278KaligungSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC Plus14.1314.17
273Tegal (TG)14.2214.24
136DharmawangsaSurabaya Pasarturi (SBI)Éksekutip & Ékonomi AC14.2814.31
151/150CiremaiSemarang Tawang (SMT)Éksekutip & Bisnis15.0715.10
277KaligungTegal (TG)Ékonomi AC Plus17.0817.11
274Semarang Poncol (SMC)18.3018.32
116/113JayabayaJakarta Pasar Senén (PSE)Éksekutip & Ékonomi AC Plus19.3919.43
153/156CiremaiCikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD)Éksekutip & Bisnis19.5519.57
256AKertajayaSurabaya Pasarturi (SBI)Ékonomi AC Prémium20.1220.16
275KaligungTegal (TG)Ékonomi AC Plus20.2820.30
261Tawang Jaya PrémiumJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC Prémium20.5921.02
191/192JoglosemarkertoSolo Balapan (SLO)Éksekutip & Ékonomi AC Plus21.0521.07
197/198KamandakaTegal (TG) nyambung ka Purwokerto (PWT)21.1221.16
276KaligungSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC Plus21.2021.23
114/115JayabayaSurabaya Pasarturi (SBI) nyambung ka Malang Kotabaru (ML)Éksekutip & Ékonomi AC Plus22.4922.52
  • KA Tambahan (beroperasi nalika mangsa lebaran jeung natal-pabaru; kadang ogé pas poé peré nasional atawa tungtung minggu anu tangtu)
No. KAKAJurusanKelasNepiIndit
7013Kertajaya TambahanJakarta Pasar Senén (PSE)Bisnis & Ékonomi AC Plus03.2003.23
62FArgo Sindoro FakultatifSemarang Tawang (SMT)Éksekutip Argo06.2506.29
7014Kertajaya TambahanSurabaya Pasarturi (SBI)Bisnis & Ékonomi AC Plus11.4811.50
61FArgo Sindoro FakultatifJakarta Gambir (GMR)Éksekutip Argo17.4617.49

Galéri

Rujukan

Tutumbu luar

(id) Situs resmi KAI dan jadwal karéta api tahun 2019 Archived 2023-08-15 di Wayback Machine

Jalur karéta api Tegal-Brumbung
Stasion saméméhna:
Stasion Kréngséng
Stasion saenggeusna:
Stasion Kalibodri

110°04′11″E / 6.970929°S 110.069737°E / -6.970929; 110.069737