Tampolong
Tampolong atawa basa hormatna Pangludahan (spittoon) téh nyaéta hiji wadah anu dipaké tempat miceun ciduh (nyiduh/ngaludah)[1], utamana dipaké pikeun anu resep ngalemar/nyeupah (nyirih) sangkan henteu hésé mangsa nyiduhkeun ciseupah anu ngabulaéh beurem [2]. Tampolong ogé disayagakeun keur anu gering ripuh, hésé leumpang, di mana hayang nyiduh tingal kana tampolong waé.[3]
Sajarah
Tampolong diurang mah ilahar pisan dipaké ku kolot-kolot anu resep nyeupah/ngalemar, geus lumrah soksanajan keur ngobrol jeung kulawarga malahan hareupeun sémah ngabulaéh nyeupah bari jeung diselang ku nyiduhkeun ciseupah kana tampolong[2].
Baheula di Amerika tampolong téh geus jadi barang anu ilahar kapanggih di kantor-kantor pamaréntahan, ku lantaran maranéhna boga anggapan cumiduh téh geus jadi kabiasaan[4] , nepikeun ka rohangan paragi sidang ogé mibanda tampolong disagigireun méjana. tapi Kiwari tampolong anu loba kapanggih utamana di tempat umum geus jadi wadah paranti miceun runtah [5].
Di Cina mangsa pamaréntahan Deng Xiaoping tampolong téh dipaké dina obrolan daria/(resmi) jeung batur politikna, ku alatan remen cumiduh dina éta obrolan, teu wudu éta kabiasaan diseungseurikeun ku urang luareun Cina, antukna dina taun 1980 ka dieu di Cina tampolong teu meunang dipaké dirohangan umum.[6]
Bahan tampolong
Aya sababaraha bahan anu ilahar dijieun tamapolong diantarna:
- Tampolong keramik ti abad ka-14 anu aya di The Walters Art Museum.
- Tampolong beusi ti abad ka-20
- Tampolong kaca ti Inggris taun 1831-1900
- Tampolong anu dipaké ku tukang ngasaan kopi
- Tampolong tina kuningan