The Offspring


The Offspring nyaéta grup musik punk rock anu dibentuk di Huntington Beach, Kalifornia, Amerika taun 1984[1]. Personil The Offspring ayeuna nyaéta Dexter Holland (vokal jeung gitar), Noodles (gitar ritem), Greg. K (bass, vokal latar) jeung Ron Welty (drum)[1]. The Offspring disebut-sebut salah sahiji pelopor bangkitna minat musik punk rock di Amerika Serikat nalika taun 1990, bareng jeung Green Day katut Rancid[2]. Manic Subsidal nyaéta ngaran ieu grup musik saacan dirobah jadi The Offspring, terus dina taun 1989, The Offspring nyieun kontrak jeung parusahaan rekaman Nemesis/Cargo[3].

Konsér The Offspring

Diskografi

Album pertama The Offsping dijudulan THE OFFSPRING anu dirilis taun 1989, diteruskeun ku album IGNITION anu dirilis taun 1993[1]. Taun 1994, The Offspring ngarilis album SMASH[1]. Di Taun 1997, The Offspring ngarilis 2 album, nyaéta MEANING OF LIFE JEUNG IXNAY OF THE HOMBRE[1]. Album AMERICANA dirilis taun 1998[1]. Taun 2000, album CONSPIRACY OF ONE DIRILIS[1]. The Offspring ngarilis album SPLINTER taun 2003[1]. Sanggeus kosong salila 4 taun, ahirna Dexter spk ngarilis album RISE AND FALL, RAGE AND GRACE[1].

Référénsi