Urab

Urab nyaéta kadaharan/kulinér tradisional nu dijieun tina rupa-rupa bahan sayuran.[1][2] Kayaning pucuk sampeu, saladah cai, pucuk gedang, kembang gedang, jantung cau, peuteuy sélong nu geus kolot atawa gumading, gedang ngora, jeung sajabana.[2] Tempo ngadaharna ilaharna dibaturan jeung goréng lauk asin , tahu, jeung témpé.[2] Urab dijieun dina rupa-rupa bahan jeung rasa, bisa lada, gurih, semu amis, jeung sajabana kumaha pangaresep baé.[3]Urab mah kadaharan nu méh aya di unggal daérah malahan mah nepi ka Papua ogé aya, atuh nu ngadaharna ti mimiti rakhayat biasa nepika para inohong ogé pada mikaresep.[4][5]Bahan-bahan urabeun, kiwari geus disayagikeun dina kaayaan beku (frozen).[4] Ditiiskeun dina suhu minus 25°C, bahan-bahan urab ieu bisa ditunda sataun lilana kalawan masih kénéh seger mangsa dipaké.[4]

Urab

Bahan-bahan

Bungbu nu direndos

Cara nyieun

  1. Kulub heula kalawan dipisah-pisah: engkol, bayem, kacang panjang jeung pucuk sampeu nepika leumpeuh, jait tuluy tuhurkeun
  2. Léob togé, ulah lila teuing asal leumpeuh tuluy dijait tur dituhurkeun
  3. Sambel urab : Campurkeun kalapa beunang marud kana bungbu beunang ngaréndos, aduk nepika rata tuluy seupan heula nepika asak
  4. Sayagikeun dina wadah, bahan-bahan beunang ngulub saperluna, tuluy cicikeun sambel nu geus asak,
  5. Urab geus siap pikeun dikonsumsi

Dicutat tina