Wikipédia basa Indonésia

Wikipédia basa Indonésia (sok disingget WBI) nyaéta vérsi bahasa Indonesia ti énsiklopédi Wikipédia minangka énsiklopédi anu bisa diédit bébas ku saha baé liwat jaringan Internét. Saperti Wikipedia dina basa séjénna di dunya, Wikipédia basa Indonésia nuturkeun aturan-aturan dasar Wikipédia anu mimitina ti Wikipédia basa Inggris saperti nulis artikel kalawan sudut pandang nétral.[1] Salasahiji widang anu mana Wikipédia Indonésia miboga leuwih loba artikel mun dibandingkeun jeung vérsi basa séjén nyaéta artikel-artikel wewengkon administratif di Indonésia, sanajan loba nu eusina masih kénéh mangrupa taratas.[1]

Wikipedia bahasa Indonesia
Widangan kaca utama Wikipédia basa Indonésia
URLhttp://id.wikipedia.org/
http://id.m.wikipedia.org/ (perangkat sélulér)
RupaProyék énsiklopédi internét
RégistrasiOpsional
Diperelukan pikeun nyieun artikel anyar
BahasaIndonésia
Nu mibandaYayasan Wikimédia

Artikel munggaran di WBI nyaéta Éléktron, dijieun tanggal 30 Méi 2003,[2][3] Sedengkeun kaca utamana mimiti dijieun genep bulan saenggeusna tanggal 29 Nopémber 2003.[4] Dina bulan Méi 2014 WBI mangrupa Wikipédia kaopat panggedéna di Asia Tenggara, katujuh di Asia, sarta ka-21 di sakuliah dunya.

Kontributor

Mimitina, kontributor anu munggaran dipikanyaho ku media massa di Indonésia nyaéta Révo Soekatno. Di taun 2004, Révo ngadéskripsikeun Wikipédia dina Majalah Témpo minangka "Énsiklopédi ti Kamar Kos". Révo ogé nyebutkeun poténsi yang dibogaan ku Wikipédia kalawan nuduhkeun yén basa-basa séjén anu dicaturkeun di Indonésia saperti Wikipédia basa Jawa jeung Wikipédia basa Sunda geus boga Wikipédia sorangan.[5] Majalah Témpo nuliskeun dina artikelna yén para kontributor Wikipédia bisa jadi teu kasohor di kahirupan nyata. Para kontributor ieu ogé bisa jadi teu diondang di acara-acara seminar penting atawa acara wawancara, jeung lamun ditanyakeun ka ilmuwan nu kasohor, maranéhna ogé bisa jadi teu mikanyaho ngaranna.[6]

Di taun 2006, majalah TIME ngaluarkeun artikel inohong pikeun taun ieu (person of the year) anu nyebutkeun yén jalma nu kapilih nyaéta "Anjeun" ("You"),[7] artikel ieu ngabahas ngeunaan kolaborasi di Wikipédia, teu lila sanggeus éta, Harian KOMPAS medalkeun artikel ngeunaan Révo minangka "Bapa Wikipédia basa Indonésia". Artikel ieu ogé nekenkeun yén sumanget pikeun nyieun kontribusi minangka "Kacanduan di jagat maya nu kudu dirojong".[8] Media séjén nempo Révo minangka salasahiji "aktivis anu ngawangun portal komunitas di Indonésia", sarta muji kontribusina minangka salasahiji alesan Wikipédia basa Indonésia bisa dipikanyaho di internét.[9]

Lokakarya jeung seminar

  • Bulan Maret 2007 para kontributor Wikipédia basa Indonésia anu leuwih dipikanyaho minangka Wikipédiawan munggaran diondang pikeun ngayakeun seminar ngeunaan Wikipédia di Universitas Bina Nusantara.[10] Para Wikipédiawan ieu ngajelaskeun naon anu dimaksud Wikipédia basa Indonésia sarta naon baé proyék-proyék Yayasan Wikimédia (Wikimedia Foundation) umumna.
  • Dina ondangan ngeunaan seminar disebutkeun yén salasahiji hal anu dipikaresep dina acara éta nyaéta kasempetan pikeun nepungan "Bapa Wikipédia basa Indonésia", Révo Soekatno. Bulan Nopémber 2007, pamaréntah Indonésia liwat Departemén Komunikasi jeung Informatika ngayakeun acara taunan Indonesian ICT Award sarta ngondang komunitas Wikipédia pikeun ngayakeun lokakarya ngeunaan kumaha carana nulis di Wikipédia.[11][12]
  • Ivan Lanin salaku salasahiji pembicara anu diwawancara ku Antara nyebutkeun yén jumlah kontributor di Wikipédia basa Indonésia ngaronjat sarta artikel-artikelna ogé mimiti aya variasi. Révo nyebutkeun yén tantangan pikeun Wikipédia basa Indonésia ka hareupna nyaéta kumaha sangkan artikel-artikel ieu jadi leuwih bisa dipercaya sahingga ngayakinkeun balaréa kana kualitas informasi anu disuguhkeun ku Wikipédia basa Indonésia. Dina poé kahiji lokakarya dihadiran ku 40 urang, sedangkeun komputer nu disadiakeun pikeun palatihan kawates sarta jauh leuwih saeutik tibatan jumlah peserta.[13]
  • Taun 2008 acara nu sarua diayakeun di acara pangajén téhnik informatika Indonésia (Indonesian ICT Award); kiwari komunitas Wikipédia bahasa Indonésia ngayakeun sési pikeun umum jeung sési pikeun organisasi.[14]

Proyék Wikimédia basa-basa di Indonésia

Logo 12 tauun Wikipédia basa Indonésia

Sababaraha basa daérah di Indonésia anu miboga édisi Wikipédia sorangan nyaéta:

  • Wikipédia basa Acéh
  • Wikipédia basa Banjar
  • Wikipédia basa Banyumasan
  • Wikipédia basa Bugis
  • Wikipédia basa Gorontalo
  • Wikipédia basa Jawa
  • Wikipédia basa Sunda
  • Wikipédia basa Minangkabau
  • Wikipédia basa Melayu
  • Wikipédia basa Tétun
  • Wikipédia basa Nias

Babaraha proyék Wikimédia séjén dina basa-basa di Indonésia:

  • Wiktionary basa Indonésia
  • Wiktionary basa Sunda
  • Wiktionary basa Jawa
  • Wiktionary basa Melayu
  • Wikisource basa Indonésia
  • Wikisource basa Sunda
  • Wikisource basa Jawa
  • Wikibooks basa Indonésia
  • Wikibooks basa Sunda
  • Wikibooks basa Melayu
  • Wikiquote basa Indonésia
  • Wikiquote basa Sunda

DVD Wikipédia basa Indonésia

DVD Wikipédia basa Indonésia anu dibagikeun haratis ku majalah CHIP édisi Agustus 2008.

Di bulan Agustus 2008, majalah CHIP Indonésia ngadistribusikeun DVD kompleménter anu eusina leuwih ti 80.000 artikel Wikipédia basa Indonésia (teu jeung gambar) di édisi milangkala ka-11 manéhna. Maranéhanana ogé ngamuat artikel anu judulna "Wikipédia Indonésia - Ketika Seribu Otak Lebih Baik Daripada Satu." Artikel anu lobana tilu ka ieu ngabahas sajarah Wikipédia, Wikipédia basa Indonésia, jeung Wikimédia Indonésia.[15]

Gambar:Cover CHIP 08 2008 reguler.jpg
Sampul Majalah CHIP édisi Agustus 2008 kalawan bonus DVD Wikipédia basa Indonésia.

Sanajan kitu, babaraha bulan saacan majalah CHIP ngadistribusikeun DVD éta, di pasaran geus aya DVD Wikipédia Indonésia anu dijual kalawan harga Rp20.000.[16]

Pencapaian artikel

Wikipédia basa Indonésia boga 454.108 artikel per 20 Pébruari 2019. Bulan Pébruari 2009, Wikipédia basa Indonésia geus nepi ka artikel nu ka-100 rébu. Wikipédia basa Indonésia miboga 2.646 kontributor aktip per 20 Pébruari 2019.[17][18]

Rujukan

Tingali ogé

  • Révo Arka Giri Soekatno, bapa pangadeg Wikipédia Indonésia

Tumbu kaluar

Wikipédia édisi basa Sunda