16 Juli

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

16 Juli nyaéta poé ka-197 dina sataun (ka-198 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 168 poé.

Kajadian

  • 622 - Dimimitianna kalénder Islam.
  • 1661 – Banknote Éropa nu kahiji dikaluarkeun ku Bank Stockholm.
  • 1896 - Serajoedal Stoomtram Maatschappij ngaresmikeun pangoperasian tahap munggaran proyék rél lokomotif uap Kali Serayu ti Maos ka Purwokerto Wétan sapanjang 29 km.
  • 1918 - Révolusi Rusia: Para Bolshevik ngéksékusi Tsar Nikolai II ti Rusia jeung kulawargana di Yekaterinburg.
  • 1945 – Proyék Manhattan: Éra bom atum dimimitian nalika AS hasil ngahurungkeun sanjata nuklir nu maké bahan dasar plutonium di deukeut Alamogordo, New Mexico.
  • 1965 – Torowongan Mont Blanc nu ngahubungkeun Perancis jeung Italia dibuka.
  • 1969 - Paluncuran misi Apollo 11.
  • 1979 - Saddam Husséin jadi Présidén Irak ngagantikeun Ahmed Hassan al-Bakr.
  • 2004 – Taman Milénium di Chicago dibuka pikeun balaréa.
  • 2015 - Sidang Isbat netepkeun 1 Syawal 1436 Hijriyah akur jeung 17 Juli 2015.
  • 2018 – Dua welas bulan anyar nu ngurilingan Yupiter katimu ku para élmuwan ti Institut Carnegie, ngajadikeun jumlah bulan Yupiter kabéhna aya 79.

Nu babar

  • 1872Roald Amundsen, pilot tur pangjalajah Norwégia (td. 1928)
  • 1911 – Ginger Rogers, artis, tukang ngawih jeung tukang ngibing Amérika (td. 1995)
  • 1936 - Yasuo Fukuda, Perdana Mentri Jepang ka-91.
  • 1942 – Margaret Court, atlét ténes Australia
  • 1963 – Phoebe Cates, artis Amérika
  • 1982 – Lee El, artis Koréa Kidul
  • 1983 – Katrina Kaif, artis Inggris nu maén dina pilem India
  • 1988 – Sergio Busquets, pamaén bola Spanyol
  • 1989 – Gareth Bale, pamaén bola Wales
  • 1989 – Kim Woo-bin, aktor Koréa Kidul
  • 1990 – Johann Zarco, tukang balap motor Perancis
  • 1990 – Wizkid, tukang ngawih Nigeria

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar