15 Juli

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

15 Juli nyaéta poé ka-196 dina sataun (ka-197 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 169 poé.

Kajadian

  • 1099Kota Yérusalem direbut tur dijarah ku pasukan Salib.
  • 1240 – Tentara Novgorodian pingpinan Alexander Nevsky ngéléhkeun urang Swédia dina Patempuran Neva.
  • 1381 – John Ball, pamingping Pangbarontakan Patani, dihukum mati di hareupeun Raja Inggris Richard II.
  • 1410 – Patempuran Grunwald, salah sahiji patempuran pangrohakana wanci Perang Teutonic Polandia-Lithuania. Raja Polandia Władysław Jagiełło tur Pangéran Agung Lithuania Vytautas ngéléhkeun kaum Teutonic pingpinan Ulrich von Jungingen.
  • 1799 - Batu Rosétta kapanggih di Rashid, Mesir ku Pierre Bouchard.
  • 1898 – Camillo Golgi manggihan aparatus golgi.
  • 1916 - Boeing diadegkeun kalawan ngaran Pacific Aero Products di Seattle.
  • 1946 - Sanggeus lekasanna Perang Pasifik, Australi nyerahkeun deui wilayah Indonésia timur ka Walanda.
  • 1974 - Di Nikosia, Siprus, kaum nasionalis nu digerakkeun Yunani ngayakeun kudéta, nurunkeun Présidén Makarios sarta ngistrénan Nikos Sampson minangka présidén.
  • 1994 – Ratusan rébu urang Hutu ngarungsi ka Zaire dina panungtungan Pangbantéyan di Rwanda.
  • 2003 – AOL Time Warner ngabubakeun Netscape. The Mozilla Foundation diadegkeun dina poé éta kénéh.
  • 2012 - Gangnam Style, lagu nu dipopulérkeun PSY, dirilis.

Nu babar

  • 1606 – Rembrandt, tukang lukis jeung nurih Walanda (td. 1669)
  • 1946 – Hassanal Bolkiah, Sultan Brunéi
  • 1952 – Marky Ramone, tukang nabeuh dram Amérika (the Ramones)
  • 1961 – Forest Whitaker, aktor Amérika
  • 1964 – The Boogeyman / Martin Wright, pagulat Amérika
  • 1976 – Marco Di Vaio, pamaén bola Italia
  • 1976 – Diane Kruger, artis tur modél Jérman
  • 1980Julia Perez, artis dangdut Indonésia (td. 2017)
  • 1990 – Damian Lillard, pamaén baskét Amérika
  • 1991 – Danilo, pamaén bola Brasil

Nu pupus

  • 1410 – Ulrich von Jungingen, pupuh Satria Teutonic Jérman (l. 1360)
  • 1521 – Juan Ponce de León, pangjajah Spanyol
  • 1919 – Hermann Emil Fischer, akademisi jeung ahli kimia Jérman (l. 1852)
  • 1940 – Robert Wadlow, jalma pangjangkungna urang Amérika, 271 cm (l.1918)
  • 1997 – Gianni Versace, parancang busana Italia, nu ngadegkeun Versace (l. 1946)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar