Baréra
Baréra nyaéta pakakas tina kai anu dipaké mangsa keur ninun.[1] Kagunaanana pikeun nyurungkeun kantéh pakan sangkan leuwih rékép jeung kantéh lungsi.[1] Baréra wangunna dempak, panjangna kurang leuwih 1,35 méter dipakéna maju jeung mundur nyurungkeun kantéh pakan anu ngéntép dina sisir tinun.[1] Baréra ogé ngajaga sangkan kantéh lungsi salawasna kabuka (aya lolongkrang) jadi anu ninun gampil mangsa ngasupkeun kantéh pakan.[2] Dina adat ngurus orok ku paraji, baréra ogé jadi hiji pakakas anu dikaluarkeun jeung pakakas séjénna saperti kanjut kundang, kisi, jeung péso.[3] Maksudna mah sangkan éta orok ka hareupna baris jadi budak gedé milik tur séhat.[3]
Rujukan
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
🔥 Top keywords: TepasGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgWikipedia:NgeunaanKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganKecap rajékan (basa Sunda)Wikipedia:PitulungPerang Dunya IIGambar:Cepot Wayang.jpgGambar:Congklak.jpgPortal:EusiWikipédia:Taros kamiWartaBiantaraWikipedia:Bantahan umumPortal:Keur lumangsungSajak SundaWikipedia:PangwanohWikipédiaGuguritanPakeman basaNovelFotoSahadat buhunCareuh bulanKecap (basa Sunda)Siti Hardijanti RukmanaHusus:SungsiWikipedia:PangunjalanPupuhPadalisanWikipedia:SawalaWikipedia:BéwaraPurwakantiKawihHusus:AnyarRobahBandung TVJangjawokanKecap sulur