Batré

Dina éléktronika, batré nujul ka kombinasi dua atawa leuwih sél éléktrokimia nu nyimpen énérgi kimia pikeun sumber tegangan listrik. Sanggeus kapanggih ku Alessandro Volta (taun 1800), batré jadi sumber listrik nu dipaké ku industri jeung rumah tangga. Dumasar kana itung-itungan taun 2005, industri batré sadunya ngahasilkeun US$48 milyar tina ngajual batré unggal taunna[1], kalawan kamekaran 6% per taun[2].

Rupa-rupa batré pikeun rupa-rupa alat listrik.

Tumbu kaluar