Féderasi Mikronésia

Mikronésia ngalih ka dieu. Pikeun guna lian ti Mikronésia, tempo Mikronésia (disambiguasi)

Féderasi Mikronésia (/ˌmaɪkroʊˈniːʒə/ ( dangukeun)) mangrupa hiji nagara kapuloan daulat, merdika, diwangun ti opat nagara bagian ti kulon ka wétan: Yap, Chuuk, Pohnpei, jeung Kosrae. Nagara ieu miboga kira-kira 607 pulo jeung aréa +700 km2 dina Samudra Pasifik Kulon.

Federated States of Micronesia
Féderasi Mikronésia
Bandéra Féderasi Mikronésia Lambang Féderasi Mikronésia
Motto
Peace Unity Liberty
Lagu

"Patriots of Micronesia"
Location of Féderasi Mikronésia
Location of Féderasi Mikronésia
Ibu kotaPalikir
6°55′N 158°11′E
Kota panggedéna Weno
Basa resmi Inggris (nasional; basa wewengkon dipaké dina tingkat nagara bagian jeung kota)
Démonim Micronesian
Pamaréntah Républik féderasi démokratik présidénsial
 -  Présidén David W. Panuelo
 -  Wakil Présidén Yosiwo P. George
Kamerdikaan
 -  ti AS (Wewengkon Trust) 3 Nopémber 1986 
Aréa
 -  Total 702 km² (ka-188)
271 mil² 
 -  Cai (%) tiasa teu dipadulikeun
Populasi
 -  Perkiraan  2009 111.000[1] (ka-181)
 -  Sénsus 2000 107.000 
 -  Kapadetan 158,1 /km² (ka-66)
409,6 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2009
 -  Total $341 yuta (ka-176)
 -  Per kapita $2.664 (ka-117)
HDI (2010) 0,614[2] (sedeng) (ka-103)
Mata uang Dolar Amérika Sarikat (USD)
Zona wanci (UTC+10 jeung +11)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+10 jeung +11)
TLD Internét .fm
Kode telepon +691
1 Dina asosiasi bébas jeung Amérika Sarikat.
2 GDP ditambih ku dana bantosan, raratana kira-kira $100 juta per taun (pakiraan 2002).
3 Pakiraan 2002.

Babagian administratif

 Artikel utama: Babagian administratif Féderasi Mikronésia.
Peta Féderasi Mikronésia

Opat nagara bagian dina féderasi nyaéta:

BandéraNagara bagianIbu kotaGubernur ayeunaAréaPopulasi[3]Kapadetan
populasi
km²[4]mil²per km²[3]per mil²
ChuukWenoJohnson Elimo12749,254.5954201088
KosraeTofolLyndon Jackson11042,69.68666170
PohnpeiKoloniaJohn Ehsa345133,234.68598255
YapColoniaSebastian Anefal11845,616.43694243

Nagara-nagara bagian teras dibagi deui kana kotamadya.

Transportasi

Féderasi Mikronésia miboga opat bandar udara internasional.

  • Bandar Udara Internasional Pohnpei di pulo utama nagara bagian Pohnpei.
  • Bandar Udara Internasional Chuuk aya dina pulo utama nagara bagian Chuuk.
  • Bandar Udara Internasional Kosrae located in the main island of the state of Kosrae.
  • Bandar Udara Internasional Yap aya dina pulo utama nagara bagian Yap.

Démografi

 Artikel utama: Démografi Féderasi Mikronésia.

Populasi asli Féderasi Mikronésia, nu kalobaannana urang Mikronésia, diwangun ti rupa-rupa grup étnolinguistik. Chuuk 48.8%, Pohnpei 24.2%, Kosrae 6.2%, Yap 5.2%, kapuloan luar Yap 4.5%, Asia 1.8%, Polinésia 1.5%, nu lian 6.4%, teu kawanoh 1.4%. Minoritas nu lumayan gedé miboga ogé katurunan Jepang, nu mangrupa hasil campuran antara urang Jepang jeung Mikronésia nalika wayah panjajahan Jepang.[5]

Aya ogé populasi ékspatriat nu mekar di antarana urang Amérika, Australia, Éropa, jeung padumuk ti Cina jeung Pilipina ti wayah 1990. Basa Inggris geus jadi basa umum pamaréntah, jeung pikeun atikan sékundér jeung térsiér. Di luar kota utama ti opat nagara bagian, basa daérah dipaké sacara utama. Kamekaran populasi tetep luhur dina 3% per taun, rada disaimbangan ku émigrasi.

Budaya

Hiji conto uang batu Yap nu gedé (kira-kira 2.4 m luhurna) (Batu Rai) di désa Gachpar.
 Tempo ogé: Musik Féderasi Mikronésia.

Saban opat nagara bagian miboga budaya jeung tradisina sosorangan, tapi aya ogé patalian budaya jeung ékonomi nu umum nu geus aya ti baheula. Contona, kamiripan budaya kawas kapentingan kulawaga nu kaluas tradisionalna jeung sistem klan bisa dipanggih dina sadaya kapuloan.

Kapuloan Yap katelah "uang batu"-na (Batu Rai), cakram gedé biasana ti kalsit, nepi ka 4 m diaméterna, kalawan lang di tengahna. Padumuk satempat, nyaho yén nu boga hiji, teu kudu dipindahkeun basa nu boga ganti. Aya lima jenis utama: Mmbul, Gaw, Ray, Yar, jeung Reng, nu panungtungna ngan 30 cm (12 in) diaméterna.

Basa

Basa-basa di Féderasi Mikronésia kaasup basa Inggris (basa resmi jeung umum), basa Truk, basa Pohnpei, basa Yap, basa Kosrae,[6] jeung aya sababaraha basa daérah.

Literatur

Ngan aya saeutik panulis ti Féderasi Mikronésia.[7] Dina 2008, Emelihter Kihleng minangka warga nagara nu kahiji medalkeun hiji kumpulan puisi dina basa Inggris.[8]

Tempo ogé

Catetan suku

Réferénsi

  1. U.S.-CIA. CIA - The World Factbook: Federated States of Micronesia Archived 2007-06-12 di Wayback Machine. The World Factbook. United States of America: Central Intelligence Agency. 2003.
  2. History_Federated_States_of_Micronesia Archived 2008-02-04 di Wayback Machine

Sumber

  • Brower, Kenneth; Harri Peccinotti (1981). Micronesia: The Land, the People, and the Sea. Baton Rouge: Louisiana State University Press. ISBN 0807109924. 
  • Darrach, Brad; David Doubilet (1995). "Treasured Islands". Life (August 1995): 46–53. 
  • Falgout, Suzanne (1995). "Americans in Paradise: Anthropologists, Custom, and Democracy in Postwar Micronesia". Ethnology (Ethnology, Vol. 34, No. 2) 34 (Spring 1995): 99–111. doi:10.2307/3774100. JSTOR 3774100. 
  • Friedman, Hal M. (1993). "The Beast in Paradise: The United States Navy in Micronesia, 1943–1947". Pacific Historical Review 62 (May 1993): 173–195. 
  • Friedman, Hal M. (1994). "Arguing over Empire". Journal of Pacific History 29 (1994): 36–48. doi:10.1080/00223349408572757. 
  • Hanlon, David (1998). Remaking Micronesia: Discourses over Development in a Pacific Territory, 1944–1982. Honolulu: University of Hawaii Press. ISBN 0824818946. 
  • Hezel, Francis X. (1995). "The Church in Micronesia". America 18 (February 1995): 23–24. 
  • Kluge, P. F. (1991). The Edge of Paradise: America in Micronesia. New York: Random House. ISBN 0394581784. 
  • Malcomson, S. L. (1989). "Stranger than Paradise". Mother Jones 14 (January 1989): 19–25. 
  • "Micronesia: A New Nation". U.S. News & World Report (October 15, 1984): 80–81. 
  • Parfit, Michael (2003). "Islands of the Pacific". National Geographic 203 (March 2003): 106–125. 
  • Patterson, Carolyn Bennett (1986). "In the Far Pacific: At the Birth of Nations". National Geographic 170 (October 1986): 460–500. 
  • Peoples, James G. (1993). "Political Evolution in Micronesia". Ethnology (Ethnology, Vol. 32, No. 1) 32 (Winter 1993): 1–17. doi:10.2307/3773542. JSTOR 3773542. 
  • Rainbird, Paul (2003). "Taking the Tapu: Defining Micronesia by Absence". Journal of Pacific History 38 (September 2003): 237–250. doi:10.1080/0022334032000120558. 
  • Schwalbenberg, Henry M.; Thomas Hatcher (1994). "Micronesian Trade and Foreign Assistance". Journal of Pacific History 29 (1): 95–104. doi:10.1080/00223349408572762. 

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Federated States of Micronesia ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity
Pamaréntah
Informasi umum
Média warta
Peta
Pelesir

   Tempo ogé Féderasi Mikronésia di Wikivoyage