Farmakologi
Farmakologi (Yunani Kuna φάρμακον, pharmakon, "ubar"; jeung -λογία, -logia) téh ulikan peta ubar[1], nyaéta ulikan ngeunaan interaksi nu lumangsung antara organisme hirup jeung bahan kimia éksogén nu nimpah fungsi biokimia normal. Ieu ulikan ngawengku kandungan jeung pasipatan, interaksi, toksikologi, terapi, jeung larapan médis sarta kamampuh antikuman ubar-ubaran. Farmakologi teu sarua jeung farmasi, nu dipaké pikeun nyebut profési. Farmakologi ulukutek dina cara interaksi ubar jeung sistem biologis ngarah mangaruhan fungsina, ulikan ngeunaan ubar, ngeunaan réaksi awak mun dibéré ubar, asal-usul ubarna, watekna, sarta pasipatanana.
Babagian
Farmakologi salaku élmu kimia dipraktékkeun ku farmakolog, anapon subdisiplinna, nyaéta
- farmakologi klinis - ngulik pangaruh ubar ka manusa,
- neuro- jeung psikofarmakologi (pangaruh ubar kana paripolah jeung fungsi sistem saraf),
- farmakogenetika (uji klinis variasi génétik nu ngabalukarkeun bédana réspon kana ubar),
- farmakogénomika (larapan téhnologi génomik pikeun nyiar ubar anyar atawa karakterisasi ubar heubeul),
- farmakoépidemiologi (studi pangaruh ubar ka sagolongan jalma loba),
- toksikologi - studi toksisitas atawa balukar goréng tina hiji ubar,
- farmakologi téoritis,
- posologi - cara ngadosis ubar,
- farmakognosi - nurunkeun ubar tina tutuwuhan.
Rujukan
- Pharmacology. Wikipédia basa Inggris. Disalin 21 Oktober 2008.
Tumbu kaluar
- Pharmaceutical Business Review.
- Pharmaceutical company profiles at NNDB.
- International Conference on Harmonisation.
- US Pharmacopeia.
- Medicine updates.
- International Union of Basic and Clinical Pharmacology.
- IUPHAR Committee on Receptor Nomenclature and Drug Classification Archived 2019-03-23 di Wayback Machine.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
🔥 Top keywords: TepasGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgWikipedia:NgeunaanKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganKecap rajékan (basa Sunda)Wikipedia:PitulungPerang Dunya IIGambar:Cepot Wayang.jpgGambar:Congklak.jpgPortal:EusiWikipédia:Taros kamiWartaBiantaraWikipedia:Bantahan umumPortal:Keur lumangsungSajak SundaWikipedia:PangwanohWikipédiaGuguritanPakeman basaNovelFotoSahadat buhunCareuh bulanKecap (basa Sunda)Siti Hardijanti RukmanaHusus:SungsiWikipedia:PangunjalanPupuhPadalisanWikipedia:SawalaWikipedia:BéwaraPurwakantiKawihHusus:AnyarRobahBandung TVJangjawokanKecap sulur