Gondéwa
Gondéwa nyaéta hiji pakakas paranti mentangkeun jamparing, dijieun tina awi, kai, atawa campuran kai jeung awi,[1]. Gondéwa kudu kuat, hampang jeung liat, baheula dijieun tina awi atawa kai, bahan kai dipaké palebah panyepengan sangkan kuat narima pangaruh mangsana tali dibatek, sedengkeun awi mibanda sipat leleus liat henteu babari potong mangsana tali dibatek tur bisa balik deui kawas sasari. Kiwari gondéwa geus dijieun tina bahan anu leuwih kuat jeung hampang saperti bahan campuran/komposit fiberglass jeung kai, fiberglass jeung awi, jeung bahan séjéna anu leuwih hadé.[2]
Pedaran
Sangkan jamparing ngabelesat, tungtung gondéwa luhur jeung handap dipasang tali anu liat tur ngenyod dibeungkeut dina unggal tungtungna, mangsana dipaké ieu tali dibetot katukang sedengkeun gondéwa ditahan, mangsa dibatek téh tali méréan kitu ogé gondéwana ogé milu melenoy/melengkung ieu kaayaan baris méré tanaga jeung awahan pikeun mentangkeun jamparing/panah anu diperenahkeun dina tengah-tengah luhureun talina, mangsana tali dileupaskeun deui, gondéwa jeung tali balik deui[3] . Dina waktu anu sarua jamparing melesat kasurungkeun ku tanaga tina tali jeung gondéwa anu balik deui.[4]
Tali (senar) anu dipaké pikeun mentangkeun jampaing/panah kudu kuat jeung ngenyod, hampang, henteu nyerep cai, jeung henteu tihiangan.[5] bahan-bahan tradisional pikeun nyieun tali umpamana: linen, rami, ramat tina tatangkalan, urat/otot, sutra, jeung kulit sasatoan, anu pang alusna dijieun tina urat/otot lantaran leuwih tahan ku cai [6]
Sajarah
Gondéwa jeung jamparingna mangrupa hiji pakarang anu geus kacida heubeulna dimangpaatkeun, dumasar kana panalungtikan sahenteuna kapanggih dina titinggalna mangsa Paleolitik nepika mangsa Mesolithic. Tempatna di Nataruk, Turkana County, di Kenya , jamparing anu seseukeutna tina batu obsidian kapanggih dina jéro tangkorak aya ogé anu nanceb dina dada[7] . ti saprak harita Gondewa jeung jamparing geus digunakeun meh di sakuliah dunya kajaba, Australia .[8]
- Gambar keur mentangkeun gondéwa
- Gondéwa keur dipaké
- Tali/senar gondéwa
- Gondéwa disarandékeun dina tangkal
- Gondéwah dipaké pakarang
- Gondéwa kiwari dipaké pakakas olah raga
- Gondéwa basajan tina awi
Dicutat tina
Tutumbu kaluar
- Tali busur gondéwa
- The Asian Traditional Archery Research Network
- Simon Archery Collection From The Manchester Museum, The University of Manchester
- An Approach to the Study of Ancient Archery using Mathematical Modeling
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |