Hurang

Hurang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Arthropoda
Subfilum:
Crustacea
Kelas:
Malacostraca
Ordo:
Decapoda
Subordo:
Pleocyemata
Infraordo:
Caridea

Dana, 1852
Superfamili

Alpheoidea
Atyoidea
Bresilioidea
Campylonotoidea
Crangonoidea
Galatheacaridoidea
Nematocarcinoidea
Oplophoroidea
Palaemonoidea
Pandaloidea
Pasiphaeoidea
Procaridoidea
Processoidea
Psalidopodoidea
Stylodactyloidea

Hurang nyaéta sato anu hirup di cai hususna walungan, sagara, atawa danau.[1][2]Hurang bisa kapanggih di ampir kabéh "kuyumbang" cai anu ukuranana badag boh cai tawar, cai payau, boh cai asin dina jejero variatif, ti deukeut pabeungeutan nepi ka sawatara rébu méter di handapeun pabeungeutan.[2]Hurang dawam dijadikeun kadaharan sagara (seafood).[2]

Jenis-jenis Hurang

  • Hurang Jerbung ( Penaeus merguiensis )

Hurang jerbung disebut ogé hurang bodas “ White Shrimp “.Ciri-cirina antara séjén: kulitna ipis sarta leueur, warna bodas rada konéng jeung bintik héjo sarta aya anu boga warna konéng kabeureum-beureuman. Hurang ieu miboga jenis-jenis séjén kawas: Hurang Peci, Hurang Awi, Hurang Banana.[2]

  • Hurang Kembang ( Penaeus sp )

Hurang ieu boga warna héjo semu hideung jeung gurat coklat, kulit sarta sukuna rada beureum, corak warnana kawas kembang.[2]

  • Hurang Windu / Pacét / Tiger ( Penaeus monodon )

Hurang ieu kulitna kandel sarta teuas, boga warna héjo semu biru jeung gurat anu leuwih poék, aya ogé anu boga warna rada beureum jeung gurat coklat beureum.[2]

  • Hurang Cokong / Tokal / Gantar / Fresh Water ( Macrobrachium sp )

Hurang ieu téh hurang cai tawar. Warnana rupa-rupa, aya anu héjo semu biru, héjo semu coklat, konéng semu coklat sarta berbercak kawas hurang windu tapi bentukna leuwih buleud.[2]

  • Hurang Dogol ( Metapenaeus monoceros )

Hurang ieu kulitna kandel sarta garihal, warnana beureum ngora rada konéng.[2]

  • Hurang Ucing “Cat Prawn

Hurang ieu leutik-leutik, anu pangbadagna ukuranana 31 – 40 buntut/lb. Warnana héjo kalayan gurat-gurat konéng sarta bodas. Aya ogé anu boga warna konéng jeung gurat coklat sarta bodas.[2]

  • Hurang Medium

Kaasup jenis hurang ieu téh hurang peci anu warnana leuwih poék sarta totol-totol hideung sarta hurang dogol anu kelir kulitna beureum semu coklat.[2]

  • Hurang Sikat / Kipas ( Panulirus sp )

Hurang ieu kawas “ Lobster “ tapi ukuranana leuwih leutik sarta kulitna leuwih beyé sarta rada garihal. Warna kulit semu coklat.[2]

  • Hurang Karang / Barong ( Panulirus sp )

Hurang ieu kawas hurang sikat tapi ukuranana aya anu badag sarta kulitna teuas. Warnana aya rupa-rupa, aya anu héjo, coklat, coklat semu beureum sarta hideung semu biru, biasana totol-totol bodas, beureum atawa coklat, disebut ogé Lobster.[2]

Mangpaat

Hurang leuwih alus didahar sabada olahraga sabab mibanda protein anu rendah lemak.[3]Kolesterol anu aya dina hurang alus pikeun jelma anu sok olahraga utamana olahraga angkat beusi.[3]Hurang miboga antioksidan pikeun nyingkahan panyakit kanker, rontok nepi ka botak, jeung obesitas.[3]Sakabéh ieu sabab hurang miboga vitamin anu gedé nyaéta vitamin B12 jeung vitamin D.[3]Pamungkas hurang miboga asam lemak omega3 pikeun ngajadikeun awét ngora, ngajagaan tembok dinding pembuluh darah tina radikal bebas, nyingkahan panyakit jantung.[3]

Rujukan