Kéong emas

Kéong emas
Pomacea canaliculata
Cangkang Pomacea canaliculata
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Mollusca
Kelas:
Gastropoda
Superfamili:
Ampullarioidea
(unranked):
clade Caenogastropoda
informal group Architaenioglossa
Kulawarga:
Ampullariidae
Génus:
Pomacea
Subgénus:
Pomacea
Spésiés:
Pomacea canaliculata

(Lamarck, 1819)

Kéong emas; Siput murba; (Pomacea canaliculata L.) nyaéta sato cai kawas tutut anu asalna tina kulawarga ampullariidae. [1] Kéong emas loba kapanggih hirup di susukan, balong, kamalir, rawa-rawa, pasawahan, malahan disawah mah ieu Kéong kagolongkeun kana hama. Kawas moluska séjéna, Keong emas mibanda cangkang/imahna anu teuas pikeun nya lindungan awakna anu hipu teu mibanda tulang. Kéong emas bisa hirup dina lingkungan anu kotor jeung tercemar sarta dina kaayaan kurang oksigén, kahakanna kayaning dangdaunan anu hirup dicai sanajan kitu lamun aya runtah dangdaunan kayaning, bayem, sawi, kol, jeung sajabana ogé sok dihakan ku kéong emas.[2]

Ciri mandiri

Kéong emas cangkangna semu konéng nepika coklat kolot, Kelir dagingna gumading nepika krem sarta talapokna gedé buleud semu lonyod rapet nutupan liang cangkangna.[2] Talapok (operculum) anu jaluna rada bulenek kaluar tina biwir cangkangna, sabalikna anu bikangna talapokna rada rata nepika kentob ka jero.[1]

Tempona endogan, ieu Keong naék ka darat néangan tempat anu garing luhureun cai pikeun nunda endogna. Endogna baruleud leutik kelirna beureum semu kayas, sakali ngendog bisa ratusan siki gumantung kana gedé jeung leutik kéongna. Manjing waktuna megar tina endog anu disimpen luhureun cai teh, anakna bakal marurag kana cai. [3]

Mangpaat

Sanajan dianggap hama utamana kana pelak paré, kéong emas geus ditanuntik pamangpaatanna pikeu parab ingon-ingon (meri , éntog, Lélé, patin, jeung sajabana).[2] [4]Ngamangpaatkeun daging kéong ieu ogé mangrupa hiji usaha pikeun nyengker jumlah kéong emas sangkan henteu ngalobaan, ogé ngabantu patani dina nyadiakeun tambahan pakan pikeun ingon-ingon.[1]

Kandungan kimia

Panalungtikan anu dilakukeun kana tipung kéong emas pikeun fortifikasi tipung ikan (pakan):

Komposisi unsur-unsur kimia dina tipung keong emas
NoUnsur KimiaKomposisiUkuran
1Protein35.50-70.67%
2Lemak.27-1.43%
3Lebu9.13-10.47%
4Serat kasar8.19-9.59%
5Uyah0.56-1.69%


Dicutat tina