Kim Hee-sun

Kim Hee-sun (gumelar di Daegu, Koréa Kidul, 25 Pébruari 1977; umur 47 taun) nyaéta saurang aktris Koréa Kidul anu geus lila akting dina sérial drama sarta sejumlahing pilem.[1][2] Hee mangrupa mahasiswa lulusan Universitas Chung-Ang.[2] Hee-sun mangrupa istri ti Park Ju-young anu geus boga saurang anak awéwé.[1] Kiwari Hee-sun dumuk di Seoul sarta kasohor minangka saurang modél jeung présénter.[2] Hee-sun mimiti bijil di tipi nalika umurna sabelas taun kénéh.[1] Hee-sun ngamimitian karirna di dunya perpileman taun 1997 dina pilem nu judulna Repechage bareng jeung Jang Dong-gun minangka lawan maénna.[1] Sanggeus suksés dina pilem munggaranna, sutradara Lee Kwang-hoon kataji sarta ngajak pikeun maén dina hiji pilem taun 1999 nu judulna Ghost in Love.[1] Akting panghadéna Kim Hee-sun nyaéta dina hiji pilem nu digarap di Tiongkok judulna Bichunmoo sarta dipedal dina usum halodo taun 2000.[1] Alatan pilem éta Hee-sun jadi aktris kasohor di nagara séjén, kayaning Tiongkok, Hong Kong, Taiwan, sarta sakuliah Asia Tenggara.[1]

Kim Hee-sun

Filmografi

Panghargaan

  • 2001 Blue Dragon Film Award (Most Popular Actress)[1]
  • 2000 SBS Drama Awards (Popularity Award)[1]
  • 1999 Mar. Honorary Ambassador of Goodwill to France[1]
  • 1998 Dec.SBS Drama Awards "Grand Prize" Receive[1]
  • 1997 Dec. KBS Drama Awards "Popularity Award"[1]
  • 1996 Dec. KBS Drama Awards "Top Excellence Award"[1]
  • 1995 Dec. Performance Awards "Budding Actress Award"[1]

Rujukan