Métionin

Métionin (lambangna Met atawa M)[3] (/mɪˈθənn/)[4] nyaéta asam amino ésénsial pikeun manusa. Salaku prékursor asam amino sistéin jeung taurin, sanyawa multiguna sarupaning SAM-e, jeung antioksidan penting glutation, métionin mancén peran penting dina métabolisme jeung kaséhatan rupa-rupa spésiés.

Métionin
Wangun kimia métionin
Rumus rangka bentuk kanonik métionin
Modél bal-jeung-tongkat
modél ngeusi-rohang
Wasta
Wasta IUPAC
Métionin
Wasta lian
Asam 2-amino-4-(métiltio)butanoat
Pananda
Nomer CAS
Modél 3D (JSmol)
AbbreviationsMet, M
ChEBI
ChEMBL
ChemSpider
DrugBank
ECHA InfoCard100.000.393
Nomer EC200-432-1
KEGG
PubChem CID
UNII
CompTox Dashboard (EPA)
Sipat[2]
Rumus kimia
C5H11NO2S
Massa molar14921 g·mol−1
PanampilanWhite crystalline powder
Dénsitas1.340 g/cm3
Titik lebur 281 °C (538 °F; 554 K) decomposes
Kelarutan dina cai
Soluble
Kaasaman (pKa)2.28 (carboxyl), 9.21 (amino)[1]
Farmakologi
Kode ATC
V03AB26 (WHO) QA05BA90 (WHO), QG04BA90 (WHO)
Iwal disebutkeun séjén, data nu dipidangkeun keur matéri dina kaayaan baku (dina 25 °C, 100 kPa).
Rujukan kotak info

Métionin ogé penting dina angiogenesis, tumuwuhna pembuluh getih. Supleméntasi métionin bisa natambaan anu karacunan tambaga.[5] Sabalikna, asupan métionin anu kaleuleuwihi, donor gugus métil dina métilasi DNA, tumali jeung tumuwuhna kangker dina sababaraha panalungtikan.[6][7] Métionin munggaran diisolasi taun 1921 ku John Howard Mueller.[8]

Watek biokimia

Métionin (lambangna Met atawa M; dikode ku kodon AUG) téh asam α-amino anu dipaké dina biosintésis protéin. Ieu ngandung gugus karboksil (dina wangun kurang proton −COO dina kaayaan pH biologis), gugus amino (dina wangun leuwih proton −NH3+ dina kaayaan pH biologis) dina α-posisi ti gugus karboksil, sarta ranté gigir S-métil tioéter, kagolongkeun kana asam amino nonpolar alipatik.

Dina gén inti eukariot jeung Archaea, métionin nyandi pikeun kodon mitembeyan, hartina nandaan ngamimitian daérah koding jeung asam amino munggaran anu diproduksi dina polipéptida nalika translasi mRNA.[9]

Baca ogé

  • Allantoin
  • Formilmétionin
  • Oksidasi métionin
  • Karacunan parasétamol
  • S-Métilsistéin

Rujukan

Tutumbu kaluar