Néptunus

Néptunus (ᮔᮦᮕ᮪ᮒᮥᮔᮥᮞ᮪; simbol: ♆) nyaéta planét panglaérna (kadalapan) lamun dilanglang ti Panonpoé.[1]Néptunus mibanda jarak rata-rata jeung Panonpoé sagedé 4.450 juta km.[1]Neptunus mibanda diaméter ngahontal 49.530 km sarta mibanda massa 17,2 massa Bumi.[1]Période rotasi ieu planét nyaéta 16,1 jam, sedengkeun période révolusi nyaéta 164,8 warsih.[1]Wangun planét ieu jiga jeung bulan kalayan permukaan aya lapisan ipis silikat.[1]Komposisi nu nyusun planét ieu téh beusi sarta unsur beurat séjénna.[1]Planét Néptunus miboga 8 satelit, di antarana Triton, Proteus, Nereid, sarta Larissa.[1]Sarua kawas planét gedé séjénna di Surya Mandala, Néptunus ogé mibanda lélépén.[2]Lélépén debu ipis anu mengitari planét ieu kapanggih taun1989 ku Voyager 2.[2]Néptunus dinamai nurutkeun ngaran déwa sagara Roma baraya ti Pluto sarta Jupiter, kapanggih dina tanggal 23 Séptember 1846 ti prediksi matematik lain ti hasil observasi.[2]Minangka planét panglaérna anu ogé mibanda lélépén, lélépén di Néptunus jiga jeung lélépén Jupiter ampir teu kasampak lamun dibandingkeun lélépén Saturnus atawa Uranus. Nepi ka ayeuna dipikanyaho aya 5 lélépén anu geus terdeteksi sarta dipikanyaho data-datana di Néptunus nyaéta ti anu pangdeukeutna nyaéta lélépén Galle, Leverrier, Lassell, Arago sarta Adams.[2]Hiji lélépén lemah séjénna anu tacan dipikanyaho ngaranna motong orbit bulan Néptunus nyaéta Galatea.[2]Sajaba Galatea, aya 3 satelit Néptunus séjénna anu ogé mengorbit di wewengkon lélépén nyaéta Naiad, Thalassa sarta Despina.[2]Lélépén di Néptunus mimiti dipikanyaho di mana ayana dina taun1846 waktu William Lasell nu nimukeun Triton mikir manéhna geus nempo busur lélépén ngalingkung Néptunus.[2]taun1968, ngaliwatan okultasi béntang pikeun munggaran lélépén Néptunus junun dideteksi tapi masih tacan kanyahoan yén éta hiji lélépén.[2]

Planét Néptunus

Rujukan