Péso

Péso (basa Hormat: Landepan) nyaéta parabot pikeun karat-keureut dijieunna tina beusi maké seuseukeut waja.[1]Aya sababaraha jenis péso dumasar kana fungsina di antarana:

  1. Péso abir nyaéta péso paranti hahareb, saksak-siksik.[1][2][3]
  2. Péso butik nyaéta péso nu gunana wungkul pikeun ngabutik kalapa.[1]
  3. Péso keréncéng nyaéta péso leutik nu sok dipaké ngeureutan kantéh nu ka luar tina tininan dina waktu keur ninun, supaya péso ulah babari leungit sok digantélan kéréncéng atawa génggé biasana sok dipaké ku awéwé paranti ninun .[1]
  4. Péso méja nyaéta péso nu alus jeung bersih diteundeunna deukeut séndok jeung garpuh waktu rék dahar dina méja biasana dipaké dahar daging saperti stik atawa kadaharan anu kudu dipotong.[1]
  5. Péso raut nyaéta péso paranti ruat raut.[1]
  6. Péso sadap nyaéta péso anu guna pikeun magas leungeun kawung sina waktu nyadap, anu sok dipaké ku patani kawung.[1]
  7. Péso tikel nyaéta péso nu sok ditikelkeun kana gagangna sanggeus dipaké biasana dipaké ku jalma anu perjalanan jauh saperti naék Gunung.[1]
rupa-rupa péso

Sangkan péso gancang seukeut, gosokkeun batu apung pikeun ngasah péso jeung minyak, ulah ku cai, cara éta pisa ngajadikeun péso gancang seukeut .[4]

Rujukan