Panalungtikan


NagaraPopulasi (yuta)Risét
 Indonesia245,45113
 Malaysia24,39117
 Vietnam84,40201
 Singapura4,49253
 Pakistan165,80584
 Taiwan23,043.911
Koréa Kidul48,856.493
 Australia20,266.961
Publikasi Risét dina Widang Fisika.
Sumber:SLAC Library, Stanford University, AS.
Méi 2006

Panalungtikan atawa risét sering dideskripsikan minangka hiji prosés invéstigasi nu dilakukeun sacara aktif, tekun, jeung sistimatis, nu tujuannana keur manggihan, nginterpretasikeun, jeung ngarévisi fakta-fakta. Panalungtikan intelektual ieu ngahasilkeun hiji pangaweruh nu leuwih jero ngeunaan hiji kajadian, paripolah, tiori, jeung hukum, sarta muka lolongkrang keur panerapan praktis tina pangaweruh éta. Istilah ieu digunakeun ogé keur ngajéntrékeun hiji koléksi informasi menyeluruh ngeunaan hiji subjék tinamtu, tur biasana dihubungkeun jeung hasil tina hiji élmu atawa métode ilmiah. Kecap risét diserep tina kecap basa Inggris research nu diturunkeun tina basa Perancis nu harti literalna nyaéta "nalungtik kalayan tuntas".

Kriteria risét nu alus keur widang sains jeung téhnologi

Hiji panalungtikan anu alus ngahasilkeun:

  1. Produk atawa inovasi anyar nu bisa langsung dipaké ku industri (lain ukur wates prototipeu)
  2. Patén
  3. Publikasi di jurnal internasional

Rujukan

  • (id) Kompas, Senénn, 8 Méi 2006. Teropong Opini: Iptek Indonésia. Berada di Titik Nadir, Siapa Bertanggung Jawab? Oleh: Terry Mart. Lektor Golongan IIIB pada Departemen Fisika FMIPA UI. Hal. 41.