Pandémi koronavirus 2019 di Indonésia

Pandémi koronavirus di Indonésia mimiti kapanggih di tanggal 2 Maret 2020 nalika 2 urang Dépok anu miboga gejala flu, positip beunang ieu sasalad, sabada salah sahijina papanggih jeung urang Jepang anu diduga népa ka manéhna.[2]

Pandémi COVID-19 di Indonésia
Peta propinsi di Indonésia kalawan kasus COVID-19 kakonfirmasi
PanyakitCOVID-19
Galur VirusSARS-CoV-2
LokasiIndonesia
Kasus munggaranJakarta
Tanggal mimiti aya2 Maret 2020
AsalWuhan, Hubei, Tiongkok
Kasus kakonfirmasi6.812.127 (3 Juli 2023)[1]
Kasus pulih6.642.003 (3 Juli 2023)[1]
Tilar dunya
161.879 (3 Juli 2023)[1]
Situs web resmi

www.covid19.go.id
covid19.bnpb.go.id
covid19.kemkes.go.id

Mimiti

Mimitina, di tanggal 14 Pébruari 2020, hiji wanoja 31 taun papanggih jeung hiji warga nagara Jepang anu datang ka Indonésia di hiji réstoran. Nalika urang Jepang éta geus ninggalkeun Indonésia tuluy ka Malaysia, di Malaysia manéhna positip virus korona. Tuluy manéhna ngabaran wanoja éta anu di Indonésia. Wanoja éta ngalaman gejala-gejala anu mirip jeung gejala virus korona. Manéhna tuluy boga inisiatip ka rumah sakit pikeun dirawat sarta dipariksa. Ibuna, 64 taun, milu ngarawat manéhna, anu tuluy diduga katépaan ti dinya. Saenggeus kitu, di tanggal 2 Maret 2020, dumasar hasil laboratorium, duanana dinyatakeun positip beunang virus korona.[2][3][4] Sanajan kitu, duanana ahirna bisa cageur tina éta sasalad.[5]

Saenggeus kitu, pamaréntah tuluy ngalakukeun tracking di réstoran éta. Tuluy kapanggih pasén nomer 3 jeung 4 anu katépaan virus sarta kabeneran aya di réstoran éta.[2]

Dampak

Kawijakan social distancing jeung physical distancing

Di tanggal 15 Maret, Pamaréntah Pusat méré pépéling ka masarakat pikeun ngalakukeun social distancing (jaga jarak sosial) pikeun nyegah sumebarna COVID-19. Masarakat dipépéling pikeun gawé jeung diajar di imah baé, sangkan teu kaluar imah. Pausahaan-pausahaan dianjurkeun pikeun ngaliburkeun pagawéna. Pikeun ténggat waktuna, Pamaréntah Pusat nyerahkeun ka Pamaréntah Daérah, boh gubernur, boh bupati/wali kota.[6][7]

Tuluy di tanggal 23 Maret, Pamaréntah ngagenti istilah social distancing ku istilah physical distancing (jaga jarak pisik). Masarakat dipépélingan pikeun jaga jarak minimal saméter nalika di tempat umum, saperti di stasion, halteu, jeung sajabana.[8] Ieu kawijakan sarua kénéh jeung social distancing, pédah ngagenti ngaranna wungkul.[9]

Atikan

Épékna, babaraha daérah ngaliburkeun sakola sangkan siswa henteu kaluar imah sarta ngayakeun kegiatan belajar mengajar (KBM) jarak jauh.[10][11] Salian ti éta, loba universitas anu ngalaksanakeun KBM jarak jauh.[12]

Sangkan nyegah sumebarna virus leuwih parah, palaksanaan Ujian Nasional (UN) tingkat SMA, SMP, sarta SD di taun 2020 bedo dilaksanakeun.[13][14][15] Salian ti éta, palaksanaan UTBK SBMPTN 2020 ogé diundur.[16][17]

Ékonomi

Mentri Kauangan Sri Mulyani, nyatakeun yén dampak virus korona kana ékonomi bakal leuwih kompléks tibatan krisis anu kajadian di taun 1997–1998 sarta 2008–2009. Aktivitas ékonomi kaganggu ku sabab lolobana masarakat caricing di imahna séwang-séwangan. Salian ti éta, babaraha pausahaan ngalakukeun Pemutusan Hubungan Kerja (PHK) ka para pagawéna.[18] Angka tumuwuhna ékonomi di Indonésia ira-kiar bakal nurun nepi ka 2.3 persén, malahan mah kamungkinan bisa nepi ka négatip 0,4 persén.[19][20]

Pariwisata

Ku sabab ayana ieu sasalad, babaraha tempat wisata ditarutup, tuluy tempat wisata anu masih kénéh maruka sarepi, balukarna hotél-hotél ditarutup sarta para pagawéna dirumahkan.[21][22]

Tingali ogé

Rujukan