Pandémi koronavirus 2019 di Viétnam

Pandémi koronavirus 2019 di Viétnam mimiti kapanggih di tanggal 23 Januari 2020[2] nalika aya dua warga nagara Tiongkok anu dinyatakeun positip virus korona.[3]

Pandémi koronavirus 2019 di Viétnam
Peta pandémi di Viétnam:
(9 April): ██ Terkonfirmasi██ Diduga
PanyakitCOVID-19
Galur VirusSARS-CoV-2
LokasiViétnam
Kasus munggaranHo Chi Minh City
Tanggal mimiti aya23 Januari 2020
AsalWuhan, Hubei, Republik Rahayat Tiongkok
Kasus kakonfirmasi1,361[1]
Kasus pulih1,209[1]
Tilar dunya
35[1]
Situs web resmi
ncov.moh.gov.vn

Per tanggal 4 Juni 2020, kacatet geus aya 328 kasus positip sarta 302 urang anu geus cageur. Euweuh kasus anu tiwas di Viétnam.[4][5][6][7] Hal ieu anu nyababkeun Viétnam dikléim jadi nagara anu suksés dina nanganan virus korona, bareng jeung Taiwan jeung Koréa Kidul.[8][9] Padahal, sacara géografis, Viétnam boga wates wilayah langsung jeung Tiongkok.

Kasus anu tiwas di Viétnam anu jumlahna nol ku lantaran Viétnam geus siaga ti saprak virus korona kapanggih di Wuhan di bulan Désémber 2019. Nalika kasus munggaran kapanggih di tanggal 23 Januari, Viétnam langsung ngalumakukeun kawijakan darurat, wates jeung Tiongkok ditarutup sarta sakola-sakola diliburkeun, tuluy pamariksaan kaséhatan ditingkatkeun di pangwatesan sarta di tempat anu vital lianna. Pamaréntah ogé langsung ngarantina wilayah sacara gedé-gedéan. Unggal jalma anu datang ka Viétnam wajib dikarantina salila 14 poé. Viétnam wani nyokot tindakan anu ékstrim tapi ampuh dina nyegah sumebarna virus korona.[10][11][12][13][14][15][16] Kasuksésan Viétnam dina nanganan virus korona meunang pujian ti Organisasi Kaséhatan Dunya.[17]

Mimiti

Mimitina, hiji bapa anu asalna ti kota Wuhan rék nganjangan budakna annu cicing di Viétnam. Manéhna ngalakonan lalampahan ka Hanoi jeung Nha Trang. Anakna diduga katépaan ti bapana. Maranéhna tuluy dirawat di rumah sakit Cho Ray di Kota Ho Chi Minh[18][19]

Sumebarna virus

Per tanggal 4 Jun, kacatet aya 22 propinsi jeung kota satingkat propinsi anu boga kasus positip virus korona.[20]

Data jumlah kasus virus korona dumasar propinsi, per 4 Juni 2020
Propinsi/kotaKasus positipCageurTiwasPropinsi/kotaKasus positipCageurTiwasPropinsi/kotaKasus positipCageurTiwas
Hanoi1141130Tay Ninh440Ninh Thuan220
Ho Chi Minh59540Hai Duong410Lao Cai220
Thai Binh30130Ha Nam440Khanh Hoa110
Bac Lieu21210Bac Giang440Ben Tre110
Vinh Phuc19190Ha Tinh440Bac Ninh110
Ninh Binh13130Quang Nam330Thai Nguyen110
Binh Thuan990Thanh Hoa330Lai Chau110
Quang Ninh880Thua Thien Hue220Hung Yen110
Da Nang660Can Tho220Dong Nai110
Dong Thap550Tra Vinh220Ha Giang110

Dampak

Ékonomi

Sanajan Viétnam dianggap mampu ngendalikeun sarta nyegah sumebarna virus korona, tapi widang ékonomi beunang dampak anu kawilang gedé. Pariwisata anu eureun ti tanggal 1 April nyababkeun pamasukan ngurangan. Salian ti éta, ékspor Viétnam ogé kurang payu lantaran nagara lian ogé keur nyanghareupan masalah virus korona, industri-industri ogé rarugi.[21] Diprédiksi ékonomi Viétnam bakal pulih mangbulan-bulan sarta angka tumuwuhna bakal jadi 4,8 persén, turun tina prédiksi anu asalna nepi ka 7 persén.[22] Sanajan kitu, Viétnam moal beunang résési, teu saperti nagara-nagara séjén anu kadampak pandémi.[23] Ékonomi Viétnam diprédiksi pulih di taun 2021 kalawan angka tumuwuhna nepi ka 7 persén.[24][25]

Tingali ogé

  • Pandémi koronavirus 2019
  • Pandémi
  • COVID-19

Rujukan