Pasar Modal
Pasar modal sarua jeung pasar umumna, nyaéta tempat papanggihna antara nu ngajual jeung nu meuli.[1]Dina pasar modal, instrumén didagangkeun dina dangka panjang, saperti saham jeung obligasi.[1] Éta instrumén téh loba variasina, saluyu jeung kamekaran kaayaan ékonomi jeung kompléksitas pausahaan.[1] Ieu pasar geus aya ti saméméh perang, tur dina kamekaranana aya pasang aya surud.[1]
Unsur-unsur Utama anu Ngarojong Ayana Pasar Modal
- Ayana pausahaan atawa usaha lembaga lianna anu nawarkeun saham atawa obligasi kamasarakat anu geus nyumponan sarat anu diperlukeun.[1]
- Ayana masarakat invéstor, lembaga invéstasi saperti asuransi, dana pangsiun, jsb. anu daék meuli saham atawa obligasi.[1]
- Ayana lembaga pasar modal anu bisa nepungkeun nu butuheun waragad (demand of funds) jeung nu bogaeun waragad (suly of funds).[1]
- Ayana perantara jeung padagang éfék anu peranna salaku lembaga anu nyundang kana lembaga pasar modal.[1]
Jenis-jenis Pasar Modal
- Pasar perdana, anu ngajual perdana éfék, saméméh éta éfék dijual ngaliwatan bursa éfék. Di dieu, éfék dijual kalawan harga émisi.[2]
- Pasar Sekundér, anu ngajual éfék sanggeus di pasar perdana lekasan. Di dieu harga éfék ditangtukeun dumasar kurs.[2]
- Pasar paralél, mangrupa panglengkep bursa éfék anu geus aya. Bursa paralél diayakeun ku Persatuan Perdagangan Uang dan Efek-efek (PPUE).[2]
Lembaga anu Aya Patalina jeung Pasar Modal
- Lembaga anu ngatur pasar modal, nyaéta BAPEPAM (Badan Pengawas Pasar Modal) [2]
- Instansi pamaréntah, nyaéta badan Koordinasi Penanaman Modal (BKPM) [2]
- Lembaga swasta, nyaéta akuntan publik, notaris, konsultan hukum, badan pangajén (Appraiser), jeung konsultan éfék (investment advisor).[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Rujukan
🔥 Top keywords: TepasGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgWikipedia:NgeunaanKecap kantétan (basa Sunda)Portal:PanglawunganKecap rajékan (basa Sunda)Wikipedia:PitulungPerang Dunya IIGambar:Cepot Wayang.jpgGambar:Congklak.jpgPortal:EusiWikipédia:Taros kamiWartaBiantaraWikipedia:Bantahan umumPortal:Keur lumangsungSajak SundaWikipedia:PangwanohWikipédiaGuguritanPakeman basaNovelFotoSahadat buhunCareuh bulanKecap (basa Sunda)Siti Hardijanti RukmanaHusus:SungsiWikipedia:PangunjalanPupuhPadalisanWikipedia:SawalaWikipedia:BéwaraPurwakantiKawihHusus:AnyarRobahBandung TVJangjawokanKecap sulur