Prasasti

Batutulis atawa prasasti nyaéta piagem atawa dokumén nu ditulis dina bahan nu teuas jeung kuat lila. Bahan ieu biasana mangrupa batu atawa lémpéngan logam, biasana tina tambaga. Kecap ieu dipilih sabab mibanda harti nu sarua dina Basa Sangsakerta jeung Basa Jawa (Kuna), nu mangrupa dua basa nu saring dipaké keur nulis prasasti di Indonésia jaman baheula.[1]

Prasasti Kawali
Prasasti tina makam Mesir Kuna
Batu Sueno di Forres, Skotlandia

Aya sababaraha istilah séjén keur prasasti. Dina Basa Latin, prasasti disebut inskripsi. Di Malaysia, istilah nu sering dipaké nyaéta "batu bersurat" atawa "batu bertulis". sanajan leuwih gampang dipikaharti, tapi pengertian ieu leuwih sempit ti batan "prasasti", sarta henteu kabéh prasasti dituliskeunnana dina batu. Tapi, dina masngsa kapungkur, Indonésia ogé sering maké istilah "batu bertulis", misalna Prasasti Batutulis di Bogor, nepi ka ngaranna ogé dipaké jadi ngaran pakampungan.

Dina harti modéren di Indonésia, prasasti sering dikaitkeun jeung tulisan dina paésan atawa dina gedong, utamana nalika neundeun batu munggaran.

Tempo ogé

Dicutat tina

Prasasti Maya, Quirigua
Prasast Cantabrian 200 SM Cantabria, Spanyol