Qur'an

Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
Mihrob – Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
Fiqih – Fatwa – Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Al Qur'ān [1] (basa Arab: القرآن al-qurʼān, sacara harfiah hartina "bacaan"; disebut ogé al-qurʼān al-karīm "Al Qur'an nu Mulya"; ogé ditransliterasikeun minangka Quran, Koran (istilah tradisional di Inggris), jeung Al-Quran), nyaéta téks rélijius séntral dina ajaran Islam. Muslim percaya yén Al Qur'an mangrupa kecap harfiah ti Gusti (basa Arab Allah) nu diwahyukeun ka Nabi Muhammad ﷺ, salila 22 taun, 2 bulan 22 poé ngaliwatan perantara malaikat Jibril sarta mangrupa wahyu pamungkas ti Gusti Allah pikeun umat manusa.Qur'an nyaritakeun kajadian-kajadian picontoeun dina sajarah manusa, utamana ngeunaan para nabi saméméh Muhammad kayaning Nuh, Adam, Ibrahim, Musa, Isa, jeung nu séjénna.

Muslim ogé nyebut Al Qur'an minangka "Wasiat Pamungkas", "Kitab", "Kitab Gusti Allah" sarta "Wahyu."

Étimologi

Dina tata basa Arab, kecap "qur'an" mangrupa masdar (kecap barang verbal) tina kecap gawé basa Arab قرأ qoro'a ("maca" atawa "nyaritakeun"[2][3]. Kecap ieu digunakeun dina Al Qur'an sorangan minangka istilah keur Al Qur'an, misalna dina Q.S 12:2:

Satemenna kami nurunkeunana (ayat-ayat kitab) mangrupa Qur'an dina basa Arab, ngarah aranjeun ngarti.

Format Al Qur'an

Salinan Al Qur'an nu geus dibuka siap dibaca.
 Artikel utama: Surat.

Al Qur'an eusina aya 114 surat kalawan total 6236 ayat.

Apalan Al Qur'an

Kecap Qur'an ogé biasana ditarjamahkeun minangka "apalan," nu nunjukkeun yén Qur'an lain ngan saukur téks, tapi ogé geus ditepikeun sacara lisan di sagédéngeun ngaliwatan téks.

Pikeun ngalengkepan sampurnana solat, mangrupa kawajiban dina Islam, nyaéta nyaratkeun ngapal saeutikna sababaraha surat dina Al qur'an (biasana dimimitina ku surat kahiji, Al Fatihah, dituluykeun ku maca surat séjénna). Saméméh bisa maca Al Fatihah, hiji Muslim bisa maca "pupujian keur Alloh" salila solat.

Jalma anu apal sakabéh bacaan Al Qur'an disebut qori' (قَارٍئ) atawa hafiz (nu berurutan hartina "nu apal" atawa "nu ngajaga"). Nabi Muhammad mangrupa hafiz pertama. Tilawah تلاوة Al Qur'an mangrupa kasenian nu hadé di dunya Muslim.

Tapsir Qur'an

Pitulung pangpentinga dina napsirkeun harti ayat-ayat Qur'an nyaéta Hadits - kumpulan tradisi Islam (kagiatan jeung sasanggeman Nabi Muhammad). Élmu isnad tumuwuh dina mangsa munggaran abad Hijriyah, nu usaha ngagolongkeun sasanggeman/béja hadits dumasar bisa henteu dipercayana jalma nu nepikeun hadis. Tapsir Qur'an satuluyna tumuwuh jadi hiji élmu mandiri nu disebut élmu tapsir. Di antaran élmuwan nu kawentar nyaéta Tabari, Zamakhshori, Turmudhi, Ibn Kathir.

Jinis-jinis Tapsir

Al-Sayyid Muhammad 'Ali Aayazi dian kitabna Al-Mufassirun ngabagi tapsir jadi sasabaraha rupa, nyaéta:

  1. Kutubu Tafsir al-Fuqaha (kitab-kitab tafsir ahli fikih)
  2. Tafasir 'ala Hasbi Tartib al Nuzul (tapsir numutkeun kana tartib turunna ayat al-Qur'an)
  3. Kutubu al-Tafsir bi al-Ma'tsur (kitab-kitab anu dumasar kana ayat al-Qur'an ditapsirkeun kana ayat al-Qur'an, ayat al-Qur'an ditapsirkeun kanu hadis, jeung ayat al-Qur'an ditapsirkeun dumasar kana riwayat sahabat)

Naha quran téh mahluk atanapi lain (abadi) ?

Kalobaan ulama tauhid ngayakinkeun yén al-quran téh kalam Alloh nu tangtos sanes mahluk jeung moal ruksak (abadi),sabab al-quran téh dawuhan Alloh, jeung ari ngadawuh téh éta salah sahiji sifat Allah (kalam). Lamun sifat Alloh teu abadi, tangtu dzat Alloh gé teu abadi, sedengken lamun Alloh teu abadi éta mustahil. ku lantaran kitu kaharti ku akal yén sifat Alloh nu ieu (ngadawuhna Alloh) mustahil ruksak, ku lantaran mustahil ruksak, atuh jelas yén al-quran téh lain mahluk. Ngeunaan ieu pendapat kungsi dibabarkeun ka ahli filsafatna Yunani, utamana téori-téori Plato yén sakabéh nu nyata jeung nu bener teu kawates tangtos abadi jeung moal matak robah.

Tempo ogé

  • Alloh
  • Islam
  • Muhammad
  • Muadz bin Jabal
  • Ngabandingkeun Bibel jeung Qur'an
  • Qur'an jeung kaajaiban
  • Qur'an jeung Sunnah
  • Asal-usul jeung perkembangan Qur'an
  • Maos Qur'an
  • Hafiz
  • Literalisme Qur'ani
  • Surat dina Al Qur'an
  • Ayat dina Al Qur'an
  • Tafsir
  • Istri dina Al Qur'an
  • Jalmi-jlmi nu patali areng ayat Al Qur'an
  • Aya ogé artikel ngeunaan masing-masing surat dina Al Qu'an. Klik kana nomer surat keur ningali artikelna.

Référénsi

Tumbu kaluar

Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}
Surat sateuacanna:
'
Surat Surat saparantosna:
'
Al Qur'an

123456789101112131415161718192021222324252627282930313233343536373839404142434445464748495051525354555657585960616263646566676869707172737475767778798081828384858687888990919293949596979899100101102103104105106107108109110111112113114

Kotak ieu: temposawalaédit