Rél

Rél atawa erél[1] nyaéta logam batang pikeun landasan jalan karéta api atawa kandaraan nu séjén saperti trém jeung sajabana.[2] Rél mangrupa dua batang logam kaku anu sarua panjang, dipasang dina bantalan minangka dasar landasan.[2] Rél-rél éta dibeungkeut dina bantalan maké paku rél, sekrup panyangreud (Ind:penambat), atawa panyangreud "é" (saperti panyangreud pandrol).[2]

Rél

Rupa-rupa panambat anu dipaké tergantung tina jenis bantalan anu dipaké.[2] Paku ulir atawa paku panyangreud dipaké dina bantalan kai, sedengkeun panyangreud "é" mah dipaké pikeun bantalan beton atawa semén.[2]

Rél biasana dipasangkeun dina luhureun badan jalan anu disaeur ku batu barangkal atawa batu balast.[2] Fungsi balast dina rél karéta api nyaéta pikeun ngaredam geteran jeung lengkungan rél nu diakibatkeun ku beuratna karéta api.[2] Pikeun ngaliwatan jambatan, dipaké tatapakan kai anu leuwih elastis ti batan tatapakan beton.[2]

Lébar trék

 Artikel utama: Lebar trék.
Definisi lébar rel/Gauge
Perbandingan Lebar Trék

Aya sababaraha lébar trék (Ing:gauge) anu dipaké, beuki lébar beuki stabil nu ngabalukarkeun leuwih gancang karétana.[2] Lébar trék anu aya di sakabéh dunya aya dina daptar ieu.[2]

LébarNagara
Ukuran (mm)Ngaran
38115 InciAmérika.
600DecauvillePortugal jeung Perancis.
760BosniaAustria.
762ImperialJepang.
891SwédiaSwédia.
9143 KakiPéru.
1000MéterMalaysia.
1067CapeIndonésia.
1372ScotchSkotlandia.
1435StandarItalia.
1520RusiaRusia.
1600IrlandiaIrlandia.
1668IberiaSpanyol jeung Portugal.
1676IndiaIndia jeung Pakistan.
2140BrunelInggris.
3000BreitspurbahnJerman.

Rupa-rupa rél dumasar beuratna

Rel anu dipaké di Indonésia maké standar UIC, Standar[2]:

  • Rel 25 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 25 kilogram (kg).
  • Rel 33
  • Rel 41
  • Rel 42 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 42,59 kilogram
  • Rel 50
  • Rel 54 anu hartina unggal 1 méter potongan rél beuratna 54.43 kilogram
  • Rel 60

Cara nyambungkeun rél

Ti pabrik anu ngajieun rél, biasana rél dipotong unggal 25 méter.[3] Ku sabab kitu, rél éta kudu disambungkeun deui.[3] Aya sababaraha cara pikeun nyambungkeun rél, nyaéta[3]:

  • Las termit
  • Sambungan baut (Fish plate)
  • Las kilatan listrik

Rujukan