Serat Kanayagan


Serat kanayagan nyaéta sistim nuliskeun karawitan, boh sekar, boh gending, dina paélmuan musik umum disebut notasi.[1] Anapon serat kanayagan dipikawanoh ogé minangka titi laras.[1] Serat ngandung harti tulisan, dina hal ieu tulisan seni swara, mangrupa titi laras sagemblengna.[2] Kanayagan, jangkar kecapna nayaga ngandung harti nabeuh/ ngagending.[2] Parabot ngagending disebutna waditra.[2]

Fungsi Serat Kanayagan

  1. Dokuméntasi dina wangun tinulis boh lagu boh gending;[1]
  2. Sangkan leuwih gampang dina prosés diajar-ngajar karawitan;[1]
  3. Sangkan gampang dina prosés nyiptakeun atawa nyusun karya karawitan;[1]
  4. Mangrupa obyék panalungtikan anu aya hubunganana jeung karya karawitan, bohkarya-karya jaman baheula, boh karya-karya kiwari.[1]

Purwaswara jeung Murdaswara

purwa swara ngandung harti asal swara atawa anu mibanda sora asal/ mimiti, maksudna sora jelema.[2] Murdaswara teu mibanda sora, ukur mangrupa lambang swara anu bisa pindah-pindah.[2] Purwaswara ditulis ku aksara Latén kapital, sedengkeun murdaswara ditulis ku angka ti angka 1 tepi ka 5.[2]

Serat Kanayagan Da-Mi-Na-Ti-La

Serat Kanayagan da-mi-na-ti-la diciptakeun ku R. Mahyar Angga Kusumadinata dina taun 1924.[1] Da-mi-na-ti-la téh wancahan tina “Ada minangka pranataning laras” nu hartina gunakeun ieu saméméh aya nu anyar.[1]Lambang nada serat kanayagan da-mi-na-ti-la nyaéta

Serat Kanayagan Lagu RAF karangan Nano S. dipaké ilustrasi jilid buku otobiografi RAF
AngkaDibacaSurupan
Saléndro 1=TuguWisaya, Madenda 1=TuguDegung 1=TuguMadenda 1=GalimerMandalungan,

Degung 1=Galimer

1DaGGGCC
2MiE+F#F#BB
3-Ni-(E)(E)(A)(A)
3NaDDDGG
4TiCC#CF#F
5LaA+BBEE
5+Leu-(A)(A)(D)(D)

[1]

Nada-nada seselan aya dina laras pélog/degung jeung sorog/madenda.[1] Aya deui lambang nada pikeun nuduhkeun nada poko, dicokot tina istilah buhun (heubeul)[1]:

Ngaran NadaDiwancahPelog surupan 56 dina notasi kulonSaléndro surupan 56 dina notasi kulon
Barang/TuguT[1]GG
Kenong/LoloranL[1]F#≈E
PaneluP[1]DD
Bem/GalimerG[1]CC
SinggulS[1]B≈A

Lian ti lambang nada, aya tanda titik (.), tanda enol (0), garis nada, garis matra, tanda rajék (ulang), jeung tanda ligatura.[1]

Catetan