Terna

Terna nyaéta tutuwuhan anu tangkalna hipu alatan henteu ngawujud kai.[1][2]Tutuwuhan terna ilaharna hirup sausum tapi aya ogé anu nahun, terna nunjul kana tutuwuhan anu mibanda pembuluh (tracheophyta). Ilaharna sebutan ieu pikeun tutuwuhan leutik tur henteu mibanda kai dina tangkalna, sedengkeun tutuwuhan ngarambat digolongkeunna kana tutuwuhan rambat baé. [3]

Salvia lyrata, conto jinis terna.

Di daérah tropika loba kapanggih terna anu nahun, ari di daérah anu iklim sedeng, terna ilaharna hirup sausum: bagian aerial (anu bijil di luhur taneuh) bakal layu tuluyna paéh dina usum anu teu merenah (usum hujan/halodo) engkéna hirup deui upama usumna geus merenah atawa manjing.

Sakapeung, terna ogé ngahasilkeun jaringan kawas kai (terlignifikasi) dina bagéan puhu tangkal utamana.[4]

Istilah terna dina botani terna dimaksudkeun kana "herba", tapi dina widang farmasi herba téh bagéan tina tutuwuhan anu masih seger atawa mibanda kandungan cai loba pikeun ubar atawa diarah minyakna. [5]

Conto tutuwuhan terna

Dicutat tina

Tutumbu ka luar

Citakan:Tumbuhan-stub