Tutuwuhan

"Plant" ngalih ka dieu. Pikeun kagunaan lian ti "Plant", tingali Plant (disambiguasi)

Dina biologi, tutuwuhan (pepelakan) nujul kana organisme nu kaasup kana Regnum Plantae. Di jerona ngawengku sakabéh tutuwuhan nu berpembuluh, boh nu semu atawa nu sajati (lumut hate, lukut, papakuan jeung tutuwuhan sikian). Dina sababaraha versi taksonomi tutuwuhan, alga héjo ogé diasupkeun kana karajaan (regnum) ieu. Kacatet aya kurang leuwih 300.000 spesies organisme nu kawengku.[1]

Tutuwuhan
Temporal range: Panengah-Ordovisiaahir–Kiwari
Daun pakis
Klasifikasi ilmiah
Domain:
Eukaryota
(unranked):
Archaeplastida
Karajaan:
Plantae

Haeckel, 1866
Divisio
  • Green algae
    • Chlorophyta
    • Charophyta
  • Land plants (embryophyta)
    • Non-vascular plants (bryophyta)
      • Marchantiophyta—liverworts
      • Anthocerotophyta—hornworts
      • Bryophyta—lumut
    • Vascular plants (tracheophyta)
      • Rhyniophyta—rhyniophytes
      • Zosterophyllophyta—zosterophylls
      • Lycopodiophyta—clubmosses
      • Trimerophytophyta—trimerophytes
      • Pteridophyta—ferns and horsetails
      • Seed plants (spermatophytes)
        • Pteridospermatophyta—seed ferns
        • Pinophyta—conifers
        • Cycadophyta—cycads
        • Ginkgophyta—ginkgo
        • Gnetophyta—gnetae
        • Magnoliophyta—kekembangan

Tutuwuhan mangrupa organisme autotrof nu ngamangpaatkeun klorofil minangka komponén anu ngarobah énérgi foton tina cahya panonpoe jadi énérgi kimiawi dina wangun gula. Prosés robah jeung pindahna ieu katelah fotosintesis. Istilah "asimilasi karbon" dipaké ogé keur prosés ieu alatan merlukeun karbon nu beunang tina CO2 bébas ti udara. ku sabab sipatna nu autotrof, tutuwuhan nempatan posisi kahiji dina ranté aliran énérgi ngaliwatan organisme hirup (ranté kadaharan).

Tutuwuhan deukeut pisan jeung kahirupan manusa, sarta mibanda loba kagunaan anu penting dina kahirupan manusa.[2] Tutuwuhan ngahasilkeun rupa-rupa kadaharan, oksigén anu kacida dibutuhkeun ku manusa. Rupa-rupa tutuwuhan anu hirup sacara alami, kitu deui tutuwuhan hasil inovasi anu dilakukeun ku manusa, ngajadikeun tutuwuhan leuwih loba deui wandana.[2]

Tingali ogé

Dicutat tina